dudijeungurangsunda

Name:
Location: Bogor, Pasundan, Indonesia

Abdi mah lalaki biasa...

Monday, June 10, 2002

Syam Ridwan: Rayungan (Banyol kitu? :D)

Ciri-ciri wanoja rayungan :
BOSENAN
ayeuna hayang kanu pendek, isukan hayang kanu jangkung
LABIL
pamadeganana teu tangtu, angin anginan, jadi weh sok asup angin
SOROT MATANA SEUKEUT
seukeut lamun aya jajaka leuwih gandang,dompet merekis, mersi herang, duka tah mun ningali tarang herang.
LOBA EKOLNA
loba pisan alesana, ngomong capetang,kawas nu enya.
JALIR JANJI
ditungguan dimol euweuh emol emol, diantosan diparapatan teu aya raratan

Kauntungan jadi wanoja rayungan :
loba koleksi,ka hansip pernah, ka satpam kungsi,ka kenek oge, kanu baplang ngajaran, kanu jembrosan tos ngasaan.

Karugianana jadi wanoja rayungan :
Ku si A kungsi digadil, ku si B kungsi di toel, ku si C kungsi dicoel, ku si D kungsi digeber.

Ciri-Ciri Lalaki Rayungan :
BOSENAN
geus boga si donto hayang ka si denok, geus boga nu lenjang hayang kanu mencrang, geus boga nu ngagencoy hayang kanu amucuy.
LABIL
ari maksud mahugi emas 24 karat, ngan jadina mahugi emas karatan
SOROT MATANA SEUKEUT
seukeut lamun aya nu ngolenyay, bisa ngabedakeun mana nu geulis mana nu goreng patut najan di nu poek ge ( beda dina hitutna nu geulis hitutna seungit)
LOBA EKOL
loba ekol, loba pungkal pengkol, loba morongkol di imah nu bahenol.
JALIR JANJI
janji nek meuli mersi, kalahka dipangmeulikeun bikini, janji hirup ngahiji kaburu neang paraji.

Kauntungan jadi lalaki rayungan :
loba koleksi, popotongan diunggal pengkolan

Karugianana jadi lalaki rayungan :
100% teu aya

KASIMPULAN :
lamun ditingali untung rugina mending jadi lalaki rayungan daripada awewe rayungan PERHATOSAN ! PERHATOSAN !!
ka pameget tong daek ka awewe anu rayungan,da nu bageur tur bener ge ngaleutak !.
ka istri upami keleresan ngengingkeun lalaki rayungan, wayahna da pameget mah sok seueur kahoyongna

syam ridwan ( tara rayungan sakapeung )

"syam ridwan" keur KUSnet

Dedeng Sutiana Banyol

Del Piero jeung Kang Nugie

" Mana nya pujaan abdi ' Del Piero ' gening teu dimaenkeun ku mr. Trap ? " ceuk neng Etin basa nonton menball Italia lawan Ekuador.
Teu lila aya anu keketrok di panto hareup, barang dibuka teh aya hiji jajaka kasep bewokan, rambut panjang sataktak, jeung kumisan.
" Aeh gening aya di dieu, akang teh 'Del Piero' tea ? , na gening teu menball di Sapporo-Jepang ngalawan Ekuador ?" ceuk neng Etin nanya kanu datang.
" Hush, ieu mah akang, Kang Nugie tea, lain Del Piero ." ceuk eta jajaka.
" Na gening beda jeung foto anu di Kusnet ?"
" Akang di Brunei kadieu teu naek kapal, tapi naek parahu unggah di Pangandaran, meunang dua bulan, poho teu mawa peso cukur, jadi weh siga kieu."
" Beu, sugan teh enya Del Piero, geningan kang Nugie !"

Teu lila di tipi aya bewara yen Del Piero asup ngagantian Francesco Totti.

" Sok kang mangga ah, tuh si ambu mah aya di dapur, bade dicukur heula mangga, tah tukang cukur aya dipayuneun bumi ! " ceuk neng Etin.
" Abdi mah bade lalajo menball deui ah, ningali pujaan abdi Del Piero ".
Kang Nugie : " Beu jauh-jauh kadieu....kalahka di cuex-keun si eneng ."

Teungteuingeun ................

Denks

"Dedeng Sutiana" keur KUSnet

Joe Ragan Ngadongeng

a law abiding citizen

Ieu dongeng basa Om Teddy datang ka New York City rek milu "tender" ngabangun WTC.
Basa datang di Bandara Internasional John F. Kennedy, turun tina kapal langsung ka lobby Kantor Imigrasi. Di lobby teh aya dua panto, ari jang warganegara US ka panto sabelah kenca ari yang warganegara laen kudu ka panto sabelah katuhu. Didinya aya satpam anu tugasna nanyakeun kawarnegaraan panumpang anu datang.
Barang Om Teddy datang, ku Satpam teh ditanya kieu:" Are you citizen???"
Om Teddy masih keneh jet leg, cape deuih jeung geus dua poe teu manggih sangu, kadanguna ku Om Teddy belah citizen na wungkul.
Atuh Om Teddy jadi cenghar, malah molotot bari ngomong rada tarik, bari nunjuk kana arlojina.:" What??, citizen... this is Rolex... Rolex Gold!!"
Si Satpam colongok teu ngarti da asana mah euweuh nagara ngarana Rolex Gold didunya teh!.

JR

Joe Ragan" keur KUSnet

Sunday, June 09, 2002

Joe Ragan Ngadongeng

kunaon nya??

Ieu dongeng waktos jaman Orba, keur sumangetna Golkar ngayakeun kaderisasi.
Disalah sahiji penataran
" Situasi dan kondisi di Jakarat disingkat sikonja......(ngacaprak)"
"Situasi dan kondisi di Bandung disingkat sikonba...........(ngacapark)"
"Situasi dan konsisi di Solo atau disingkat sikonso...........(ngacaprak)"
"Sutuasi dan kondisi di Toli-toli disingkat....(inget sieun di pecat)...tah lamun di Toli-toli mah teu meunang disingkat kudu disebut situasi dan kondisi di Toli-toli wayahna wae panjang oge"

Saturday, June 08, 2002

Joe Ragan Ngadongeng

najeurkeun bahasa sunda

Ieu dongeng teh jamanna Orla.
Oplet jurusan Cicalengka- Bandung, dipegat ku tangtara. Si kopral marentah supaya kabeh penumpang oplet turun. Rek mariksa oplet bisi mawa beas dikarungan. Karung beas teu kapanggih da euweuh nu mawa beas harita teh. Nya hiji-hiji dipariksa, pas mariksa hiji panumpang lalaki si kopral marentah: " Coba itu dibuka buntelannya!"
Ceuk panumpang laenna:"Pak Kopral atuh nyarios bahasa sunda wae da ieu sadayana bangsa urang"
Pak Kopral ngajawab:" Bukannya sayah tidak tahu bahasa Indonesia...cuman...POHO"
Atuh urang teh kabeh seuri mesem we,henteu nyakakak mah da eta Pak Kopral nyoren pestol FN.

Abah JR
(dilandih ku kuncen, kusabab ngarasa " a law abiding citizen"...lain rolex...nya ti ayeuna mah rek nga Abahkeun wae, rumaos parantos sepuh alias antik!!)

"Joe Ragan" keur KUSnet

Maman Gantra: Sunda, Internet, jeung Milis

Waktu sawala di GSG Itenas, 1 Juni kamari, Abah Surya diantawisna sasauran kieu : "Milis urang sunda naratas lahirna genre sastra Sunda di internet," kitu saur si Abah. Teu hilap harita anjeunna nataan prilaku atanapi budaya/kabiasaan tutulisan nu aya dina milis urang. (Oge milis lianna, tangtuna teh). Kuanjeunna dibandingkeun kumaha bedana nulis di internet, nya dimilis jiga kieu, jeung di media massa lianna. (Eh, ari internet kaasup media massa heunteu, nya?). Pon kitu deui jumlah hit nu aya dina portal Sundanet.com, nu ngiring diasuh ku anjeunna.

Singhoreng, eta kasepuhan teh gemet oge nitenan budaya "profan" sapertos kitu teh. Eta bae dugi ka terang ka sarupaning 'popondokan' sagala. Om Teddy mah can tangtos terang eta teh, Abah. Hehehe….

Ningali jeung ngadenge naon nu disaurkeun ku Abah Surya hate teh nya rada bungangang. Lain pedah nyangkut Perceka atawa milis tempat kuring ngilu jadi anggota. Tapi, saperti oge naon nu dipalipirkeun kuAbah Surya: Manusa Sunda teh geuning teu kamalinaan (teuing) sararena teh. Aya usaha pikeun ngamumule diri, ngarawat jeung ngembangkeun budayana.

Nu pikareueuseun, kituna teh bari teu katinggaleun zaman. Kiwari wayahna make internet, nya parabot ieu nu dipake pikeun ngarawat eta titinggal karuhun teh. Boh ku milisna, boh ku portal atawa situs-situs ka-Sunda-annana. Nepi ka, ieu mah kasauran Ceu Aam Amalia, seler sejen mah sok harelokeun (campur sirik). Utamana ningali kaayaan sastra Sunda nu tetep hirup nepi ka kiwari. Naha, Sunda bet bisa kitu? Majalah jeung koranna aya. Buku-bukuna meh tiap usik diwedalkeun. Pan Minang, Bali, atawa Jawa mah teu barisa kitu? Padahal eta seler-seler teh kawentar miboga tradisi sastra (tulis) nu hade baheula mah. Kitu kasauran si Teteh teh."Nepi ka maranehannana marenta supaya karya-karya sastra Sunda teh ditarjamahkeun kana basa Malayu. Harayangeun maca jeung hayang nyaho, na kumaha sih eusi eta sastra basa Sunda teh," saur Ceu Aam, kurang leuwih.

Komo, dina perkara ngarumat budaya mah, saperti nu disigeung ku Abah dina biantarana, nya ngan seler Sunda sahiji nu geus bisa nyieun konprensi internasional sagala. Pan seler Bugis mah, asana, karek kamari nyieun nu internasional-internasional kitu teh. Enya basa ngayakeun konprensi internasional ngeunaan La Galigo tea. Bari katingalna, teu bisa ngeundeukkeun seler Bugis sorangan jiga kumaha KIBS ngageunjleungkan sakabah bangsa Sunda jeung Nusantara.

Soal ngageunjleungkeun Nusantara, katingal tina seminar nasional basa jeung sastra daerah di Solo, nulumangsung sanggeus KIBS diayakeun. Sanajan, dina halna perkara konprensi rohaka tadi jalma nu julig belang bayah mah macana teh dibalikeun: Nya pantes we ngayakeun acara jugala kitu, da tatuna budaya (jeung manusa) Sunda teh memang geus parna pisan. Nepi ka butuh "bantuan" pihak internasional pikeun nyageurkeunnana. Kitu, ceuk pipikiran si julig,nu teu bisa nganuhunkeun kana kaasih pangeran atawa usaha-usaha batur nu sipatna positif pikeun kahirupan sarerea.

Tapi, nya keun baelah. Tong dipikiran teuing. Ngaranna ge jalma. Ongkoh julig deuih.

Ngan, kuring ge jigana rada kabawa jadi julig ieu teh, yeuh. Kabawa teu tumarima kana kaayaan. Bener, di hiji pihak, naon nu nyampak kiwari teh matak pikabungaheun. Budaya Sunda geus nepi dikonprensikeun bari tingkatna ngabuana. Nga-internasional. Atuh, kasadaran politik bangsa Sunda, saeutik-eutikkeun mah aya. Geus puguh ari kasadaran sosial jeung ekonomina mah. Da, bubuhan langsung karasa ku masing-masing meureun. Enya, sarua"balangsak", sarua jadi korban krisis moneter jeung kasalahan urus nu dibarendo.

Pon kitu deui perkara basa Sunda, nu jadi ciciren bangsa sakaligus mata holang budaya, nu ti baheula mula (cenah ieu ge, saur Ceu Aam, dina sawala tadi) geus dipikahariwang pakumbuhan jeung tumuwuhna ku kolot-kolot harita. "Kuring manggih tulisan di hiji majalah lawas di Perpustakaan Nasional, wedalan taun1932," kitu saur si Euceu teh. Eta tulisan teh, jiganu geus bisa kajudi ku urang sakabeh, nya manghariwangkeun kaayan basa Sunda harita jeung jaga. Jaga mah, ceuk eta "ramalan", basa Sunda teh bakal leungit. Kitu kira-kira. Jaga harita, hartina, nya kaayaan kiwari atawa kamari tea.

Padahal, dina prak-prakkannanana, jiga nu ditandeskeun ku Abah Surya, basa Sunda tetep aya.Masih tetep diparake. "Nya 'anjing-anjing' bae, mah,"ceuk Ceu Aam, bari nyindiran barudak Bandung nu kecap-kecapna teu pernah lesot tina kecap sato hiji eta.

Kateuneung ieu nu oge nambahan kabungah kuring.Hususna kateuneung ti sepuh-sepuh jiga Abah Surya. Malah, nu nambah hormat kuring ka eta inohong teh dongeng MJ basa manehna didatangan mahasiswana nu baringungeun pedah can meunang baju tradisional keur nu maraen degung. "Ah make kaos oblong jeung calana jeans ge teu jadi masalah," kitu saur Abah Surya, basa MJ nepikeun masalah eta ka anjeunna. (Asana mah MJ ge kungsi ngadongengkeun ieu dina salah sahiji postingna). Beu, ceuk kuring dina hate, tetela ieu sepuh tehjembar pisan. Lian ti bisa ngasuh barudak kiwari nu memang alamna geus lain, oge sadar yen budaya teh bisa obah. Paling heunteu, nya sarangkana. Da bedog mah angger bedog, sanajan teu disarangkaan ku kai kaboa oge. (Eh, Kang Ilen, naha leres kai kaboa iasa diangge ngadamel carangka bedog. Da kuring mah asal eungab bae ieu teh. Nu kumaha kaboa ge teu terang. Hehehe…).

Jeung tina kituna mah, geus katoong ti anggalna, sikep Abah Surya jiga kitu teh. Enya ku kersana ilibiung dina milis jiga kieu, nu ku sababaraha pihak mah dianggap gawe pangangguran atawa euweuh gunana, geus katoong kumaha sikep Abah Surya dina ningali atawa nyanghareupan kahirupan kiwari. Nya nyanghareupan oyagna zaman atawa budaya Sunda. Pan dina salah sawios postingna di Ki Sunda sababaraha waktu katukang, anjeunna kantos negeskeun. (Mun teu salah mah basa urang ngawangkongkeun degung Paskah di Indosiar). Budaya teh bisa di fill in, di itu di ieu. Malah bisa di delete pisan. Kitu saur anjenna harita. Coba?Pan biasana, panyawat para sepuh teh sok keukeuh peuteukeuh. "Ceuk karuhun kieu, kieu". Kitu na teh bari teu lali nyalahkeun jeung nyarekan barudak. Laklak dasar. Teu sirikna ditotog-totogkeun eta sirah barudak teh. Pajarkeun teh teu ngamumule budaya sorangan, teu hormat ka kolot, jste. Bari, padahal mah, eta barudak ngalakukeun kasalahan tadi teh lain ku dihaja. Tapi ku kateu nyaho. Da teu dipapatahan tea baheulana.

Ah, eta mah carita heubeul. Jeung barina ge, saur Abah Surya ge nyiduh ka langit, ngagogoreng kolot, teh doraka! Lain kabiasaan bangsa Sunda. Ku kituna, kolotnu didongengkeun di luhur teh lain kolot di Tatar Sunda. Tapi, kolot di ditu… di Uganda, Siberia, jeung Sudan.

Barina ge ngacapruk teh bet katara teuing ieu teh. Urang balikkeun deui bae kana jejer nu sabenerna ku kuring rek diwadulkeun : Kaayaan budaya jeung (sikep) manusa Sunda kiwari. Utamana pakuat-pakait jeung parabot nu ngaranna internet atawa milis. Ke sakeudeung urang posting saeunggeus nu ieu.Dipotong-potong teh ngahaja. Bisi macana bosen.

Tah, kaayaan budaya jeung manusa Sunda nu kaitung lumayan tadi -- malah nyugemakeun batan nasib budaya atawa basa seler lianna -- tangtu bae tong nepi ka mepende urang sakabeh. Saperti remen digunemcaturkeun di milis ieu, masih keneh loba nu kudu dipigawe pikeun nanjeurkeun budaya Sunda (jeung, nu utama, manusana tangtuna ge!). Sanajan bener urang geus bisa naratas ngamumule jeung numuwuhkeun ka-Sunda-an di internet, boh ku portalna boh ku milisna, di sagigireun eta aya oge nu geus lila jadi pikiran kuring. Nya masih ngeunaan internet oge. Hususna sikep atawa kaayaan bangsa Sunda jeung internet. Dina kaayaan infrastruktur telekomunikasi nu waluratjiga kiwari -- pulsa telepon nu ditetepkeun PT Telkomkaitung mahal, bari jeung can kabeh wewengkon bogaISP, sakalina aya nu motekar numuwuhkeun teknologi lian nu leuwih murah pamarentah jiga nu teu rido: Eta teknologi teh kudu dikokolakeun ku pausahaan-pausahaannu geus ditunjuk ku maranehna -- satemenna tingkat melek internet di urang teh katingalna masih keneh heureut. Lain bae nyampak di bangsa Sunda. Tapi, kumna di bangsa Indonesia.

Riset nu kungsi dilakukeun ku APJII (AsosiasiPenyelenggara Jasa Internet Indonesia) nembongkeun taraf melek internet di Indonesia ngan 1,3 persen tina sakabeh jumlah penduduk. Nya, kurang leuwih ngan 3 yuta jalma Indonesia nu sok atawa eungggeus waranoh jeung internet. Tina jumlah eta, nu langganan ISP sorangan teu leuwih 800 rewu jalma. Hartina, lolobana urang Indonesia make internet teh, mun teu ngadon kawarnet, nya ngamangpaatkeun fasilitas nu aya di tempat gawena sewang-sewangan. Kukituna, teu munasabah mun urang nitenan milis-milis nu aya -- sebut bae Ki Sunda jeung Urang Sunda -- sok sepi dimana meuneuran poe pere kantor teh. Da anggotana keur di arimah, bari jeung arang nu langganan internet sorangan.Tah kitu kaayaan umum bangsa urang teh.

Kumaha nu husus ngeunaan bangsa Sunda sorangan? Tangtu bae hese matotoskeunnana. Da, can aya riset nu husus noongan melek internet atawa kapamilikan internet di kalangan seler Sunda. Tapi, lamun kuring leukeun ngabandungan jumlah milis-milis kadaerahan atawa milis kabudayaan tiap seler nu aya, tetela melek internet atawa melek milis bangsa Sunda teh can pikareueuseun.Coba bae, saperti ku kuring remen disigeung, jumlah dua milis ieu aya kana 600-annana. Kitu oge teu diitung nu dobel kaanggotaan. Hartina, di Ki Sunda ngilu, di Urangsunda oge milu -- jiga kuring, MJ, KangOman, Om Teddy, jeung sababaraha dulur lianna. Hartina deui, paling loba anggota dua milis ieu teh teu leuwih ti 500 urang.Dibandingkeun jeung milis basa Jawa, nu ngan saukur 290-an (mun teu salah inget), tangtu bae jumlah tadi kaitung lumayan. Komo, seler Sunda mah pan cacah jiwana ge leuwih saeutik manan seler Jawa.

Hartina, prosentase urang Sunda nu milu milis leuwih loba manan urang Jawa nu milu milis Jawa. Bener aya seler lian nu nyelip di antara milis-milis eta. Misalna Lae Pandapotan di Ki Sunda. Tapi, pan eta mah teu sabaraha. Teu signifikan, meureun piistilaheunnana teh. Da bisa dipastikeun, di dua milis ka-Sunda-an eta, anggota nu aya lolobana ti seler Sunda. Pon kitu deui di milis Jawa. Atawa milis-milis kaseleran lianna, nya mayoritas anggotana teh ti seler sewang-sewangan.Tapi, kumaha mun dibandingkeun jeung milis seler Batak atawa Minang? Tah, di dieu urang kudu hudang teh. Kuring sok pirajeunan ningalian salah sahiji milis ka-Batak-an. Utamana nu diluluguan jeung diajangkeun pikeun nonoman-nonomanna. Jumlah anggotana teh nepi ka 900 jalma leuwih. Malah kungsi nepi ka leuwih ti sarewu urang. Bari jeung milis manehna teh lain ngan hiji dua. Tapi aya welasna mun teu salah mah. Coba bae teang ka yahoogroups.com. Search make kecap Batak.Insya Allah bakal ngaburudul geura.Pon kitu deui milis urang Minang. Mun kuring teu salah, aya milis nu anggotana nepi ka 5000 urang! Kituna teh, di luar jumlah anggotana, jumlah milis maranehanna ge katingal loba. Lian ti milis nu nampung kum sakabeh seler Minang, misalna, aya oge milis nu ngawengku "luhak-luhak" atawa wewengkon. Ti mimiti Rantau Net nepi ka milis urang Maninjau. Kitu deui di Batak. Lian ti milis Batak katingalna aya milis marga-marga jeung wewengkon maranehna.

Ningali ceuyahna milis nu aya, oge jumlah anggota-anggotana, bisa dipapantes mun jumlah sakabeh urang Minang atawa urang Batak nu jadi anggota eta milis-milis teh loba pisan. Kumaha di urang? Di urang ge memang aya milis urang Subang, Purwakarta, Indramayu, Cirebon, Tasik, jeung Sukabumi. Tapi, mun dihijikeun kabeh, jumlah anggotana teh teu nepi kasarewu asana mah. Milis urang Bandung atawa Bogor? Eta oge aya. Malah milis ka-Bandung-an mah nepi ka aya limana. Tapi, nya kitu, rada hese mun disebut milis ka-Sunda-an teh. Da naon nu diwangkongkeun di dinya teh teu khusus ngeunaan budaya atawa bangsa Sunda. Jeung, nu leuwih penting, basa nu diparakena ge lain basa Sunda. Aya eta oge nu sok marake basa Sunda.Tapi, pan lain basa wajib jiga di dua milis ieu. Antukna, kuring leuwih panceg ngasupkeun milis-milis eta kana milis ka-kota-an, nu nyawalakeun kaayaan kota atawa tempat warga hiji kota ngawangkong atawa ngawarung bandung.

Ningali fakta jiga kitu, dua hal patanyaan bisa disodorkeun: Hiji, naha saeutikna anggota milis-milis ka-Sunda-an ieu nunjukkeun yen urang Sunda can melek internet? Atawa, kadua, enggeus ari melek internet mah. Tapi, can melek milis. Maksudna, bangsa Sunda teh bisa jadi geus loba nu wanoh jeung parabot nu ngaranna internet ieu. Tapi, teu waranoheun yen di dinya teh aya parabot lian nu ngaranna milis. Tapi, asa piraku,nya? Atawa, katilu, nu dipikapaur ku kuring, bangsa Sunda bener-bener bangsa soliter. Bangsa nu resep"sewang-sewangan", bari teu pati malire kana pentingna silaturahmi di antara bangsana sorangan. Kaasup, nyaku ngaliwatan milis atawa internet jiga naon nu dilakonkeun ku urang sorangan. Atawa, bisa jadi, bangsa Sunda malire pisan kana pentingna silaturahmi tea. Pan maranehna teh boga babasaan "entong pareumeun obor" atawa nu sajinisna. Tapi, meureun, leuwih "realistis" dina ngajalankeun silaturahmina teh. "Na, rek silaturahmi bae kudu make milis. Nya rek silaturahmi prak bae tepungan langsung baraya jeung dulur-dulur teh. Pan, leuwih afdol tah?," kitu meureun ceuk maranehannana teh. Tapi, pan ku alatan kasibukan sapopoe, teu bisa salilana urang bisa paamprok jonghok jiga ilaharna. Nya internet nu jadi parabot pikeun bisa tetep silaturahmi tapi teu kudu paamprok sacara fisik.

Pondokna, kasimpulan kuring saheulaanan, umumna urang Sunda memang can wanoh kana internet jeung milis.Tah, ieu ge bisa dibaca leuwih jauh. Naha kateuwanohan eta teh ku alatan tingkat pendidikan, kamampuan ekonomi, atawa naon? Naon bae jawabannana di antara nu dua tadi, tangtu bae pikahariwangeun. Sabab, tetela bener seler urang teh katinggaleun. Jeung bakal leuwih katinggaleun manan seler lianna. Urang Batak, nu leuwih "dinamis", leuwih guyub jeung papada baturna, geus bisa ngamangpaatkeun parabot nu ngaranna internet. Padahal, saperti naon nu ditembongkeun ku India (mun teu salah hasil riset UNDP pangaahirna, ngeunaan indeks kualitas manusa), internet teh gede pisan pangaruhna kana karaharjaan masarakat. Memang lain karaharjaan dina harti fisik (ekonomi atawa materi), tapi karaharjaan nu sipatna immaterial. Hal nusatemenna leuwih penting manan materi. Paling heunteu ku perkara batin eta (kapinter, kanyaho, mentalitas), hal materi bisa leuwih gampil kaudag. (Atawa leuwih hese? Da udagannana jadi leuwih luhur? Hehehe…).

Kukituna, sakali deui, mun urang -- nu geus "katinggaleun" ku seler lian -- oge katinggaleun dina perkara internet ieu, atuh nya bakal leuwih katinggaleun deui bae. Hartina, hal ieu mibutuh pipikiran jeung lengkah-lengkah nu daria tur nyata tiurang sakabeh pikeun nungkulan ieu kaayaan. Tah, palebah dinya, kuring sorangan, lian ti ngalamunkeun ayana program sayuta warnet di Tatar Sunda (muka warnet di tiap kacamatan di Tatar Sunda), rek nyodorkeun resep nu meureun leuwih gampang jeung murah: Ngamasarakatkeun ayana ieu dua milis ka bangsa Sunda lianna. Arajakan maranehna sangkan ngilu aub didieu. Sabab, nya ku cara kieu aya dua hal nu bisa kahontal atawa kalakonan. Lian ti wanoh jeung internet teh, urang bisa ngawarung bandung. Nyawalakeun (jeung prakna) kumaha ngamajukeun sarakan. Carana? Gampang bae: Nya sing leukeun bae ngirim"undangan" ka milis-milis sejen. Hususna, milis-milis nu anggotana loba jeung pikiraeun loba diiluan kubangsa Sunda. Biasana milis-milis kaagamaan, ekonomi,budaya, jeung milis-milis nu eusina ceuyah ku hal-halnu…cawokah tea. Atawa: Bejaan saha bae bangsa Sunda nu urang tepung atawa wawuh, Urang ngariung di milis urangsunda kituh.Urang ngetrek, ngaheroyan Neng Yasmine, bari ngararancang nyieun Nagara Sunda Merdeka! Hahaha….

Eunggeus, ah! Bisi jadi ngacaprukna pisan. Eukeur mah geus cukup panjang deuih,. Geus genep kaca. Bisi peureus nu macana. (Tapi, MJ, Ua Sas, Kang JR, BahMaik, ari ngawarung bandung teh bener nulisna jiga kitu? Atawa ngawarung Bandung? Jeung kumaha sasakalana ieu babasaan teh? Kunaon teu ngawarung bogor atawa ngawarung galuh, misalna? Atawa ngawarung pandeglang sakalian?).

Baktos bae ka sadayaNa,

MGT

Catetan: Kasauran para inohong dina tulisan ieu ngan dicutat tina ingetan. Kukituna bisa jadi kuring salah nyutat atawa teu akurat. Sabab, basa sawala teh kuring teu kungsi cutat-catet, rukam-rekam, bari teu pati tigin ngabandungan naon nu didugikeun Abah Surya saparakanca. Da anteng nyonyoo kamera meunang ngadangkal nginjeum ti babaturan. Jeung teu ku hanteu, malum kamera geus rada lawas, audiona teu berfungsi. Atuh, mun hasilna diputer teh euweuh soraan. Jigana kudu diputer dina video player biasa.

Sajak Siska Budiman

siska budiman
8 Juni 2002 10:01 am
..Sajak kanggo Mang Jamal sareng Kang Iwa ...

----------------------------
MESRA TAPI PABEULIT

Manehna nyesepkeun sirah kana dada kuring, sedeng
kuring nyuuh kana lahunanana.
Leungeunna meulit kanacangkeng.
Dibarung ku rasa deudeuh, leungeun kuring
ngusapan ....... bitisna ! ;)

-----------------------------
PIL ... SAPAT

Mere ka nu saeutik
Teu nanaon najan saeutik
Saeutik jeung saeutik, jadi loba.
Mere ka nu loba kudu leuwih loba.
Kakarak maneh daek narima!

------------------------------
HUTANG
Tk Japati I :"Bayar hutang!!"
Tk Japati II :"Hutang naon urang ka maneh?"
Tk Japati I :"Hutang hatong!"


siska budiman
8 Juni 2002 10:10 am
...Sajak ah...

--------------------------------
SAJAK

Sajarah beureum ku getih,
najan sajak ditulisku hate nu wening,
ku cimata nu limpas
maseuhan keretas
geuning bet sora kuring,
sora ti Ambon jeung Poso?

--------------------------------
BARATAYUDA

Teu weleh pandawa jeung kurawa
perang jeroeun dada
lamun hate geus jadi kurusetra
ku hayang jadi dalang, mupus baratayuda

--------------------------------
ANTARA BANDUNG - SUMEDANG

Antara Bandung - Sumedang
saparat jalan
hirup teh geuning jungkrang kamelang
hayang geura cunduk ka Bandung
najan paeh taya nu mitineung

..Kamus Sunda...

Kamus Sunda

  1. BABAKAN, lembur anyar, ngababakan nyieun lembur anyar
  2. HINGKIK, heulang gede bulu na semu beureum, sok liar ti peuting
  3. JANGKAR, akar nu tembong luhureun taneuh, saperti akar pandan nu gede
  4. JEG, jiga, siga,
  5. KOREAK, sarupaning manuk peuting nu disadana"kokoreakan"
  6. LIR, kawas,saperti
  7. MANUK CUHCUR, manuk nu sok liar peuting, sora na sadanu nyebut "cuhcur"
  8. MESUM, paroman nu keur susah
  9. NYINGKIRAN, nyingkahkeun
  10. RAMANG RAMANG, remeng-remeng, ukur katenjo meueusan,lantaran rada poek, heunteu atra
  11. SAMPALAN, tegal di tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah
  12. SUREM, heunteu cekas, kurang caang
siska budiman keur KUSnet

Friday, June 07, 2002

Siska Budiman Banyol

siska budiman
7 Juni 2002 10:13 am
..Hayang...munding..***humor***
-------------------------------

HAYANG KENEH

Tengah peuting Nyi Iteung pamajikan si Kabayannginghak we ceurik. Atuh si Kabayan kacida ambekeunana.
Kabayan :"Kunaon ari nyaneh Iteung, sakieu geus peuting make jeung ceurik sagala? Na hayang naon atuh?
Iteung :"Hayang keneh!"
Kabayan :"Ih si nurustunjung!"
--------------------------------

TAI MUNDING

Aya urang Inggris ngobrol jeung urang Sunda.
Urang Inggris :"What this?"
Urang Sunda :"Eta teh tai munding tuan"
Urang Inggris :"ohh, this morning!"
Urang Sunda :"Iyah, tai munding"
Urang Inggris :"well, jadi itu datangnya setiap pagi?"
Urang Sunda :"Iyah, tuan"
---------------------------------

BABY SOAP

Inem dititah meuli Baby Soap ku dununganana.
Pelayan :"ngagaleuh naon?"
Inem :"aya babi soak?"
Palayan nyerengeh

Keur KUSnet

Sajak Siska Budiman

siska budiman
7 Juni 2002 10:00 am
..Kalangkang narkotik.....***Sajak***
----------------------------------

KALANGKANG

kalangkang sorangan
saksi di pangadilan
jaga di yaomal kiamah
ngajawab pananya pangeran
----------------------------------

NARKOTIK

Geus balatak kuntung ganja
Laju anjeun kumalayang
Lebah sewu katumbiri
Rolling Stone laguna pisan" I cant get more satisfaction!! "
Naha anjeun nyiar senang na impian?
Geus kapetik bulan ku sacekak putaw
Geus kaceungceum gumintang ku sabotol VSOP
Ah, najan sukma geus anjog ka mega malang
Tapak anjeun nyeceb keneh dina lemah
-------------------------------------


siska budiman
7 Juni 2002 10:05 am
...sapeuting di masjid ***sajak***
-------------------------------

SAPEUTING DI MASJID

hawa tiis nyeceb ngerekeb
simpe geter biwir ngantaykeun
kalimah dunga
teu beak-beak pamenta nu parat
nyambat lalakon hirup nu bakal datang

sapeuting di masjid wirid
nyacapkeun dunga
ngarakacap tapak-tapak katineung
saha nu masih cangcaya ?
saha nu masih tanda tanya?
tapakur ngageuri ngarecah diri.
--------------------------------

Tatarucing Gajah

Alatan kajadian palagan Bubat,
Prabu Hayam Wuruk lila gering parna
Kulawarga karajaan; rama, indung adi-adina
Yakin dina kacindekan
Gorengna ngaran Majapait
Gering sri maharaja raja sanagara
Alatan pamolah mahapatih Gajahmada
Kulawarga karajaan Majapait
Nyindekeun putusananaYen mahapatih Gajahmada kudu di hukum......!!!!!

Kitu sakumaha anu dicutat tina LONTAR yasana Yoseph Iskandar 1986Gajahmada kabur ti purina, jadi teu kungsi dihukum ku Hayam Wuruk teh. Bongan bet nganyenyeri seler Sunda ayeuna tong sambat kaniaya, sarupaning GAJAH.... kapaksa rek ditarucingkeun jawaban kaci sangeunahna asal logis:
  1. saha bojona gajah mada..................?
  2. naon bedana gajah jeung lalaki.......?
  3. kumaha carana lamun aya lima gajah, hayang numpak mobil VW kodok........?
  4. lamun aya hiji mobil BMW jeung sapuluh gajah, kumaha carana sangkan gajah kaangkut kabeh....?
  5. lamun aya rombongan gajah rek maen bal, disisi lapangan loba naon hayohhhhhhhhh...........?
  6. lambang ITB kunaon gajahna diuk sila..................?
tos ah bisi gagajaheun...., lamun baraya bisa ngajawab tarucing ieu, bener-bener USP. Kajawab lima USA, kajawab opat nepi ka hiji US teu kajawab pisan piraku........................? derrrrrrrrrrrrrrrrrr-ahhhhhhhh...!!!!!!!

Ti Oby tea. (siga gajah) -- Obay Sobarli keur KUSnet

Thursday, June 06, 2002

...Basa Sunda Punah?....***ulangan**

... ARI PUNAH MAH TEU ACAN, MUNG BASA SUNDA TEH...

Ari punah mah teu acan basa Sunda teh, mung meretel nungtutan secara gradual. Kunaon atuh tina 40 juta cacah Sunda mung 30 juta anu masih keneh nyarios sareng ngaos basa Sunda?

Numutkeun harian "Suara Pembaruan" dinten Kemis, Sultan Yogya ngawartoskeun (punten bae si Eyang masih keneh sabulang bentor basa Sundana teh margi tos 50 tahun henteu nyarios/ngaos Sunda) yen basa daerah khususna basa Jawa anu dianggo ku 64 juta, basa Sunda ku 30 juta, henteu tiasa dijamin bakal hirup mekar (berkembang) kahareupna .....(hilap deui basa Sundana teh: masa depan).

Sultan Hamengkubuwono X : "Bahkan bahasa Jawa yang jumlah penuturnya berada di urutan ke 11 di dunia,berangsur angsur hilang dari percakapan sehari-hari......... akibat penetrasi bahasa nasional yang diadopsi dari penutur mayoritas sehingga mengalahkan penutur bahasa lokal yang minoritas..............

Terdapat tiga tanda jika suatu bahasa menuju kepunahan.
  1. Pertama, bahasa itu kehilangan basis wilayah dan hanya dipakai oleh jumlah penutur yang makin kecil.
  2. Kedua, bahasa nasional yang terus mendesaknya atau mengancam.
  3. Ketiga, bahasa tersebut lebih banyak digunakan dipedesaan.

Untuk mempertahankan eksistensi bahasa daerah agar tidak punah, perlu dilakukan usaha-usaha konkret dalam melestarikan bahasa yang benar-benar menyentuh perilaku sehari hari masyarakat. Selain melalui pengajaran bahasa Jawa di sekolah, jika ingin melestarikan secara lebih efektif bahasa jawa perlu kampanye penggunaan bahasa itu di rumah, kata Sultan Hamengku Buwono X", demikian Suara Pembaruan.

Janten umpami tuturuti urang Jawa, urang Sunda kedah ngajarkeun basa Sunda di Sakola, kampanyekeun basa Sunda di bumi. Mung bae anu janten halangan ageung kanggo praktek basa Sunda teh: Stratifikasi sosial dina pergaulan bisnis sareng umum anu gumantung kana pendidikan. Kanggo urang Jawa basa Ngoko nyarios sareng boss henteu dianggap kasar upami si bawahan nyarios kieu:"Mas, aku niki orang ngerti!" Upami urang Sundanya rios ke bossna: "Kang, kuring teh teu nyaho!" tangtos langsung dipecat margi kasar teuing. Padahal upami "Kang, abdi (atanapi ayi) teh teu terang", moal nanaon.Eyang oge tara nyarios Sunda sareng dua minantu urang Sunda margi sok kasar tea. Kitu oge sareng adi adi (eyang cikal) anu rada belegug.

Basa Sunda Mangle (kinten-kintena da tara ngaos majalahna atuh) tiasa dijadikeun cecekelan. Masalah stratifikasi "saya" anu tos ditoel ku Abah Surya: abdi, pribados, sim kuring, etc. teu acan noel "kaula, kula, kuring, aing, maneh, sia" etc. anu tara dianggo dina pergaulan ku margi dianggap kasar tea, kitu oge "nyaho, embung, mumul, teu beuki, etc tiasa nimbulkeun masalah sareng batur komo sareng boss mah. Basa Sunda teh tos di "Mataramisasi" "Ngoko-Kromo" basa Jawa, basa Sunda kuno - komo deui basa Sunda Buhun: "aing", "siya","mumul", "lakian", etc anu dianggo dina "Carita Parahyangan" tos teu tiasa dianggo pisan, padahal eta teh basa Sunda "asli", warisan basa SundaGaluh/Pajajaran. Eyang tos 50 taun ngantunkeun Pasundan, mugia wae dilapangan teh tos teu aya masalah.

New York, 20/7/01.
Haji Sarif Hidayat Supangkat
A.K.A. Eyang Kumis.

ti siska budiman keur KUSnet

Sajak Siska Budiman

siska budiman
6 Juni 2002 7:01 pm
..Hujan angin ...**sajak**

ANGIN JANARI.

nu ngulisik ngabangingik
nyawang raratan lantaran
tukangeun lamping ngadingding
cunggelik na lampit peuting
ngadengekeun nu mangprung
ngapak peuting nu lungkawing
tunduk parentah nu Ngaping
janggelek diri sakujur
paudag udag jeung umur
raratan bet samar samar
kairik angin janari

HUJAN POYAN

deuleu panonpoe huhujanan
boa pohaci marandi

ieung, panonpoe teh cirambay
boa aya nu digupay

ssssttt, geuning ieu hujan poyan
boa karuhun keur moyan


siska budiman
6 Juni 2002 7:02 pm
....Kalangkang...**sajak**

HAREPAN

Ngan saukur kalangkang nu sok marengan
Kasono meh geus olab
Ngimpi geus lain udageun
Nu ngadadago ngan campego
Tapi bungah, ......
Sanajan saukur kalangkang

BANGBALUH

Geus meh nincak ka salapan taunna
Ieu bangbaluh mo bisa leungit
Sanajan aya cai panyurugan
Tapi, asa teu waroh bae
Jeung asa-asa bae rek nyalindung teh
Naha teu narimakeun


siska budiman
6 Juni 2002 7:04 pm
....Bingung...**sajak**

KABINGUNG

Nyerelek dina genggerong
Murubut piceurikeun
Kuring teu wasa
Lain, teu hayang ngamumule
Tapi, diraruksak ku manusa keneh
Mana nu rek dibanggakeun
Mana nu rek dicaritakeun
Ngan bari ngarahuh ......
Lain kuring teu tanggung jawab

KEUR KI SOBAT

Sobat, urang tuturkeun kahayangna
Urang tarima, kalawan daria
Ieu cocoba ti Yang Widi
Pasti aya hikmatna
Leungitkeun kabingung , kasusah, kasedih
Pasrah ngalawan sumerah
Bari teu tinggaleun tina ngadua
Sugan teh teu lila deui kabagjaan
Bakal marengan, ngalawan sampurna


siska budiman
6 Juni 6, 2002 7:08 pm
..Solat....**sajak ulangan**

SOLAT

Rep
Sidakep
Awak madep
Teng
Manteng
Lelembut neangan dzat NA
Pung
Ngapung
Sukma ngawang-ngawang
Kalayang
Kalayang
Kalayang
Ngaronjat tungtung jubah Na
Pung
Ngapung
Sukma ngajomantara
Meutik bulan
Mipit bentang
Ngala mangyuta cahya
Hate nyusu na hareup na


siska budiman
6 Juni 2002 7:15 pm
..seukeut...*sajak*

NU NURIH DIRI

Seukuet
jumentring angin peuting
nyokel rasa nu geus lila tanpa daksa
seukeut
hariring sora lamiang, Lumengis
nurih peurih eusi lelembutan
nyanyautan urut dikeset baheula
nu gunawang tepi ka ayeuna

Siska Budiman Resep

siska budiman
6 Jun 2002 7:12 pm
..Perkedel tahu.... ***resep***

PERKEDEL TAHU

Bahan :
6 tahu anu sedeng
1 sendok tek pedes bubuk
uyah sacekapna
3 sihung bawang beureum
1 sihung bawang bodas
1/2 sendok tek vetsin
2 siki endog
1 ons daging cincang

Cara ngadamelna :
  1. Tahu direndos sina lemes
  2. Uyah, bawang beureum, bawang bodas direndos teras hijikeun kana tahu anu tos lemes, lebetkeun pedes bubuk sareng daging cingcangna, aduk aduk sadayana dugika rata, teras lebetkeun endogna teras aduk deui.
  3. Goreng sasendok makan dina minyak anu tos panas. Upami parantos koneng handapna nembe dibalikeun. Tos koneng luhur handap nembe dijait. Tiasa dianggo rencang sangu atanapi ditambul nganggo cengek.

siska budiman
6 Juni 2002 7:14 pm
...Goyobod..*resep*
GOYOBOD
Bahanna :
Goyobod anu tos siap pake kinten-kinten 1 kg.
Gula bodas + gula beureum sacekapna .
Cipati nu kentel sacekapna.
Pandan dua lembar kinten-kinten 15 cm panjangna.
Nangka 1/4 kg,
uyah sasendok teh.
Dewegan dikerok, sacekapna.
Es batu sacekapna.
Ngadamelna :
Gula bodas sareng gula beureum didamel kinca godogkeun,
lebetkeun nangka nu tos kenging nyuiran,
lebetkeun uyah sasendok teh kanggo panyari.
Dawegan dikerok.
Es batu diserut nganggo panyuguan.
Ngahidangkeunnana:
Goyobod lebetkeun kana gelas atanapi mangkok,
sasiuk dawegan campurkeun,
cur kincaan, sareng cipati nu kentel nganggo es batu kenging nyerut.

Maqtal Imam Husen

Maqtal Imam Husen
Anggitan: Kang Jalal
  1. Imam Husen imam kaum mustadafin, Ngocorkeun getihna, Ngajait nasib nu leutik, Ngabela umat tunggara
  2. Tara sepi pamingpin anu munafik, Ngabobodo rakyat, Majar Islam nu diaping, Padahal mangeran dunya
  3. Yazid nyebut maneh Amirul Muminin, Raja nagri Islam, Bari solat bari haji, Kalakuwan euwah-euwah
  4. Rayat ceurik balilihan ting jarerit, Hartana dirampas, Jasmanina dinyenyeri, Jaba batin digerihan
  5. Imam Husen sumegruk bari lumengis, Di makam eyangna, Bari ngeprikkeun kasedih, Ngemutan umat nu lara
  6. Islam nu hak kalandih ku Islam batil, Imam ditebihan, Nu ngagem Islam nu asli, Dicempad majarkeun murtad
  7. Imam Ali nu nyangking wasiat Nabi, Pahlawan khaibar, Kakasih Rabbul Izzati, Dilanat di mimbar-mimbar
  8. Di Karbala poek mongkleng sepi jempling, Panon poe sirna, Murubut hujan ti langit, Hujan getih jeung cimata
  9. Di Karbala ngababatang raga suci, Putrana Fatimah, Deudeuh teuing putu Nabi, Ditandasa ku umatna
  10. Mastaka nu sok diambung Kangjeng Nabi, Kiwari papisahTi jasad kakasih Gusti, Ditancebkeun dina tumbak
  11. Di Karbala ngagolontor getih suci, Ti para syuhada, Anu tigin kana jangji, Bumela ka Imam Jaman
  12. Kumaha rek kenging syafaat Jeng Nabi, Umat nu hianat, Ngiclik nuturkeun si iblis, Bahula ka Rasulullah
Kangjeng Rasul, hapunten abdi nu dolim
Nu teu mirosea
Perlaya na putu Gusti
Al-Husen Abu Abdillah

Ku "Ferdi Rosman Feizal" keur KUSnet

"Zimat" Jaman Ayeuna

Assalamualaikum Wr. Wb.
Bismillahirrohmanirrohiim

Ngomongkeun "zimat" jaman ayeuna jadi ras inget kana senjata pusaka. Untungna wae make tanda kutip. Kieu ngeunaan lumakuna aturan make raksukan muslim di sakola mangrupakeun aturan nu perlu ku urang di rojong. Sabab geuningan panginditan niat Bapak Harimun (Walikota) teh nyaeta masalah pendidikan. Hayang mere bekel kana masalah etika, utamana nu dumasar kana aturan hirup nyaeta agama ISLAM. Pan eta oge khusus jang nu agama Islam. Janten teu salah mun eta di terapkeun ka nu muslim.

Teras masalah nu bongkar pasang jilbab jeung can tangtu nu di jilbab teh jalma hade mentalna. Eta oge aya benerna ngan loba teuing salahna. Kunaon loba teuing salahna?

Kahiji: Mun nu jilbab wae can tangtu bener, komo deui anu henteu. Pan nutupan aurat teh wajib lin? Mun keur kaom istri meureun kudu make jilbab atawa baju kurung. Di dieu nu dipentingkeun teh nutupan aurat. Diantarana aurat awewe teh rupa/bentuk/wangun awak. Ku kituna ulah di tempokeun. Iwal ka muhrimna atawa salaki. Emut, numutkeun kasauran Rasulullah SAW, nu teu daekeun nutupan aurat, tong boroning sorga, bauna oge moal kabagean. Maenya urang rek sangsi kana kasauran Rasulullah SAW? Ari masalah model mah eta urusan dunya nu bisa di atur ku urang luyu jeung kamampuan.

Kadua: Maksud ieu mangrupakeun proyek jangka panjang. Pan urang kedah emut parantos seueur nu "cendol teu dikalapaan" alias beuteung nyendol euweuh bapaan bin keur reuneuh saencan nikah. Nu utamana mah pan teu bisa ngajaga kahormatan. Kulantaran teu bisa ngajaga kahormatan, terus wae ngawariskeun hal-hal nu ngarusak. Pan Jaman jahiliyah oge dina kamajuan fisik, ekonomi jeung teknologi mah hebat. Buktina, patung-patung nu disarembah jeung nu ngajareblag di Ka'bah, teh pan rupa-rupa jeung aralus. Malah teu saeuitik nu dijieun tina emas jeung perak. Tapi kunaon di sebut jaman"JAHILIYAH", jaman Kabodoan. Alatan sistem sosial jeung individu na teu bisa narima kana Ajaran Bener nu diturunkeun Ku Allah SWT nu dicandak Rasulullah SAW.

Naon hubuganna jeung ZIMAT, yeuh? Tah Zimat di jaman ayeuna nyaeta Conto nu HADE jeung KaADILAN, Sabab ancurna pamarentahan lamun nilai-nilai KaADILAN geus teu dipirosea. KaADILAN oge hese nanjeur lamun euweuh conto nu hade. Jurigna nu utama nyaeta rasa lapar dina harti kamalaratan jeung kabodoan. Lamun geus lapar mantak paur bisa narekad. Katambah-tambah jeung bodo. Hese pisan diaturna.Wallahu'alam--

Wassalam,
Best regards,
Mang TEDDY
Satria Kasep Forever
Nu Micinta SUNDA jeung KaADILAN
Tanjeurkeun KaADILAN..!

"Mang TEDDY (Fr)" keur KUSnet

Pidato Pupuhu YPDS

Ieu naskah biantara Ketua Yayasan Pendidikan Dayang Sumbi, Dr. Iwan Inrawan Wiratmadja, Yayasan nu ngokolakeun ITENAS, dina acara Sawala Saptu kamari. (Anjeuna dosen di Teknik Industri ITB. s1-na angkatan 78). Abah Surya oge masihan disket nu eusina naskah Sawala anjeuna (ngabahas buku SBjS tina segi Sastra & fenomena basa Sunda), ngan hanjakal disketna aya makro-an, virus jigana...
--------------------------------------------------------- ----------------------------
Hadirin nu dipihormat ku sim kuring, Assalamualakium warahmatullahi wabarakatuh,

Hapunten upami pangjajap ti sim kuring ngangge dua bahasa, Sunda sareng Nasional.

Tipayun, ngahaturkeun laksa keti kabingahan kana kadongkapanana dina ieu acara. Mung neda dihapunten upami panampina kirang nyugemakeun, oge wirehna Rektor Itenas, Prof. Djuanda Suraatmadja kaleresan teu tiasa ngahadiran ieu acara jalaran aya acara sanes di ITB.

Nami yayasan nu ngokolakeun Institut Teknologi Nasional (ITENAS) teh nyaeta Yayasan Pendidikan Dayang Sumbi. Parantos kauninga ku sadayana, Dayang Sumbi teh hiji tokoh dina legenda di Tatar Sunda. Asa merenah upami civitas akademika Itenas, ngiring ngarojong kana usaha-usaha ngembangkeun kabudayaan Sunda, sok sanaos ieu kampus teh udaganana dina widang teknologi, tapi da jalmi mah multi dimensi, unsur budaya kedah tiasa ngimbangan kamajuan teknologi. Teknologi ulah janten ririwa kanggo kamajuan budaya malah sing tiasa janten media kanggo ngembangkeun budaya urang sadayana.

Sim kuring ngiring bingah wirehna Lingkung Seni Sunda (Lisenda) Itenas -wadah mahasiswa kanggo dialajar kasenian Sunda- tiasa ngalebarkeun garapanana kana widang basa Sunda. Nuhun ka Komunitas Urang Sunda di Internet nu parantos ngajak mahasiswa Itenas ngiring ngembangkeun budaya Sunda utamina basa. Mudah-mudahan ieu tarekah tiasa ngiring ngahudangkeun Urang Sunda kanggo malire sareng ngembangkeun budaya Sunda, nanjeurkeun budaya Sunda di habibatna. Oge kapayun, sim kuring miharep, kagiatan teh tiasa ngawengku bidang-bidang sanes perkawis Sunda sareng kasundaan.

Sakali deui sim kuring kacida nganuhunkeunana ka sadayana anu parantos kersa sumping nohonan pangulem di Lisenda, teu kalangkung ka Bapa RH Hidayat Suryalaga, ka Ibu Aam Amalia, ka Bapa Adang.S sareng ka Bapa Ibing Kusmayatna, nu parantos kersa sumping. Urang sadayana tangtos moal bireuk deui ka ieu opat inohong, nu tangtos hadirin sadayana parantos uninga, kukituna mugi mugi ieu pajemuhan janten hiji pamuka lawang kanggo kagiatan salajengna. Tina ieu pajemuhan mugi mugi aya hasilna, anu tangtos janten pi-kareueuseun urang sunda sadayana

Sim kuring kantos nguping aya harewos bojong wirehna dina danget ieu budaya sunda khususna basa sunda sapertos anu kirang dipalire, utamina ku generasi anom, kalintang matak hanjakalna upamin eta harewos bojong teh leres, lebar bilih engke anak incu urang sadayana nguping basa sunda mung ukur dina dongeng, malih kapan aya heureuyna moal enya upami hoyong diajar budaya sunda kedah ka walanda atanapi ka Australi.Upami tea mah leres kitu lebar temen.

Sasieureun sabeunyeureun, ieu kiprahna Lisenda mugi janten tawis urang sunda teh masih keneh micinta kana budayana sareng kana basana.

Salanjeungna, sim kuring bade ngangge basa nasional.

Di era globalisasi sekarang, seluruh umat manusia sibuk dengan dua hal: menjadi bagian dari globalisasi, menjadi warga dunia; tapi juga mencari jati dirinya sendirinya untuk tidak hanyut dalam globalisasi yg mengilangkan identitas. Kemajuan di bidang teknologi harus dapat meningkatkan nilai-nilai kemanusiaan yang hidup dalam kebudayaan masing-masing komunitas. Adanya teknologi Internet telah meniadakan batas-batas geografis dan berbagai hal yang ada di dunia nyata termasuk keterbatasan-keterbatasan yang selama ini menjadi penghalang dalam komunikasi antar manusia. Salah satu fasilitas dalam internet adalah adanya mailing-list yang dapat dijadikan media komunikasi bersama dalam berbagai bidang termasuk minat, profesi dan silaturahmi antar suatu komunitas, seperti Urang Sunda dimanapun berada, dapat menjalin komunikasi dan silaturahmi. Semoga acara ini juga dapat menjadi jembatan silaturahmi sesama Urang Sunda dan yang mencintai budaya Sunda, di tengah maraknya pengaruh dari luar.

Kalih ti eta, sim kuring dipundut panitia kanggo ngaresmikeun acara Sawala Nanjeurkeun Basa Sunda sareng Medalkeun buku Sajak Banyol jeung Sajabana, Surat-surat Komunitas Urang Sunda di Internet, buku munggaran nu bakal janten genre anyar dina widang pengembangan basa Sunda, nyaeta Basa Sunda di Internet.

Ku ucapan Bismillahirrahmanirrohim, acara Sawala Nanjeurkeun Basa Sunda sareng medalkeun buku Sajak, Banyol jeung Sajabana, diresmikeun.....

MaNg JaMaL keur KUSnet

Siska Budiman ...Sisindiran.....

SISINDIRAN*).

Kacang kandel gegebengan
gararing dina jajaran
Lamun resep nyengcelengan
sok ginding dina lebaran
( ..nah kitu .. )

**).
Papan kiara ditatah
iraha jadi lomari
Mun bisa miara letah
mokaha salamet diri
( ..tah eta..)

***).
Sereh ti gunung Koromong
dipelak dikolong sasak
Samemeh pok urang ngomong
pikir heula masing asak
( ..hade..)

siska budiman Keur KUSnet

Gunung Tampomas jeung "Jimat"

Para wargi sadayana, lembur sim kuring aya dihandapeun (kaki) GunungTampomas. Nami Tampomas cukup beken di Indonesia mah, tapi sanes beken kugunungna.........tapi ku titeuleumna Kapal Tampomas II di perairan Masalembodi awal tahun dalapan puluhan, salah sahiji musibah kapal laut pangageungna di abab 20 nyaingan musibah Kapal Titanic.

Ieu riwayat gunung Tampomas. Kapungkur cenah gunung teh bade bitu (duka jaman iraha), urang Sumedang nu aya subudeureunana parantos panik. Kangjeng Dalem kacida bingungna. Tapi hiji peuting anjeunna ngimpen, supados gunung teh heunteu jadi bituna, kedah dicocog (ditusuk) ku keris tina emas. Atuh lajeung anjeunna teh nyandak keris emas ka puncak Gunung (teu dicarioskeun kumaha-kumaha na mah, da rada sesah atuh ka puncak gunung nu nuju bade bitumah) teras ditusukeun. Ti harita kawah Gunung langsung liren " teu aktif". Gunung teh akhirna disebat gunung tampa emas (tampa = nami / narima), anu janten robih jadi Tampomas.

Tah para wargi, jaman kapungkur mah........gampil nya? cukup ku "jimat", gunung rek bitu ge jadi teu tulus. Tapi ulah nyeungseurikeun heula ka jaman baheula, da ayeuna oge seueur "jimat" teh, malah langkung seueur. Geura ieu: "Pancasila Sakti", "Azimat Pancasila", "manipol Usdek", "UUD 45","Nasakom".....dst sadayana ge "jimat" Orla jeung Orba, sadayana ge dianggap sakti, tiasa ngubaran sagala masalah.

Eh.........ari ayeuna "jimat"na naonnya?-

WALUYA- keur KUSnet

Banyol: "MBAH DUKUN"

Isuk keneh si kemed geus andekak dihareupeun mbah dukun anu keur anteng kunyam kunyem bari nyekel parukuyan anu ngelun. Teu kungsi lila siparukuyan eta di songokeun kana beungeut sikemed atuh puguh we sikemed buriay buncelik nahan kaengap bari ngagibrigeun buukna anu model edi brokoli atawa kawas buukna ahmad albar waktu keur ngora, persis we sayang kamarang kapuput pinuh kuhaseup. Rengse mbah dukun mapatkeun jampe pamakena kusiwel manehna ngaluarkeun isim, pok ngomong ka si kemed.
" Jang tah ieu isim omat kudu dikeueuman kucai herang...satiap jam sakali..kudu diinum paling saeutik sagelas..sukur sukur bisa leuwih...jeung deui ieu hiji deui batu ali...ieu oge kudu dikeueuman ku cai herang...terus satiap jam sakali kudu diinum oge paling saeutik sagelas...sukur sukur bisa saemuk..ngartos jang ?"
" Ke...ke...mbah..saleresna panyawat abdi teh naon atuh ?" si kemed heran.
" Ah teu pira jang...ujang teh kurang nginum...da eta ari geus ngome komputer teh sok poho kana nanaon...sok lah ngaku !"
" Geuning mbah nyahoan !"
" Ngarana ge paranormal atuh...kade ulah nyebut dukun ka mbah mah bisi diteke..tah ayeuna nek nanya naon deui jang meumpeung mbah can aya order panggilan ?"
" Ah...parantos mbah ari taripna lalandong ka mbah sabaraha ?"
" Etang we....sakali nanya kalikeun saratus rebu...tadi ujang teh geus nanya sabaraha kali..kitu ?"
" Mung sakali mbah waktos naroskeun panyawat abdi...janten saratus rebueun panginten "
" Hih nya salah atuh jang...patarosan ujang teh aya dua..kahiji naroskeun panyakit anu kadua naroskeun tarif jadi dua ratus rebueun...ditambah harga isim lima puluh rebu,batu ali dua puluh rebu pleus komisi jin kukutan mbah sok menta jatah 10%..!"

Ku syam ridwan keur KUSnet

Siska Budiman Banyol

siska budiman
6 Juni 2002 7:05 pm
...humor ah..... :)))

HIDDEUEUNGNG

Dedi :"Ki, ari moe cengkeh teh kudu nepi kahiddeueueungng teh nya!"
Kiki (tenang) :"Ah, teu kudu nepi ka hiddeueueungng,asal hideung we!"

TUKANG BALON

"Jang, ari moal meuli mah tong cicing didieu!" Ceuk tukang balon bari nyiwit budak. Si Ujang ceurik tuluy bebeja ka bibina.
"Kunaon Jang?" bibina nanya.
"Euli ...ukang... alon." Ceuk siujang. Maksudna nyeriku tukang balon, tapi ku bibina mah disangka hanyang meuli balon.
"Mang meuli hiji." Ceuk bibi na.
"Mun saratus urang siga kieu, tereh payu balon teh." Ceuk tukang balon bari seuri.


From: siska budiman
6 Juni 2002 7:06 pm
..Porkas... **humor**

DITILANG

"Wayahna we Pa, ku abdi ditilang lantaran bapak tosngalanggar!"
"Ngalanggar kumaha, pan abdi make helem, surat2kumplit?"
"Tapi pan iue sanes nomer pulisi tapi kode Porkas dinaplat bapak!"
"Baruk ...? Saha nu isengnya?"

PORKAS

Juned :"Bir, pasangan geura porkas nu tilu aksara, pasti aya nu kaluar?"
jubir (atoh) :"Naon wae nu tilu teh euy?"
Juned :"M'C'K"
Jubir (baeud):"Hanas dibandungan, nya pasti aya nu kaluar, mun lain tas mandi, pasti tas nyeuseuh, atawa tas ..... taeun!"


siska budiman
6 Juni 2002 7:07 pm
...deui ah ..humor na :))...

LIEUR

Anak hayam :"Ma, ari bapak uing saha?"
Indung hayam :"Ema teh kawin ka bapak Ema, ari bapa maneh teh aki maneh, pikir we!"
Anak hayam :"Lieur geuning"
Indung Hayam :"Puguh Ema ge lieur!"

NGARAN

Sigana mah mun rada leukeun nitenan, ngaran "Emen"ditatar Sunda kawilang cukup sohor disagigireun ngaran legendaris Kabayan jeung Lamsijan.
Buktina dina taun 60-an kungsi aya carita lucu nu gancang sumebarna, anu judulna "Manyun ku Emen", ditema deui dina taun 70-an aya kacapangan di tatar Sunda nyaeta "Pancasila tetepEmen", jeung deui lagu "Duh Emen", taun 90-an.
Satuluyna Emen mindeng dipake ngaganti kecap 'era', jadi lamun aya jalma "kaeraan' sok mideng dipoyokan 'kaemenan nyah'.
Naon sababna urang Sunda resep kana Emen, emenan.
Pokokna mah Hirup mah kudu Emen, Emen tetep jaya sakali Emen tetep emen!.

Wednesday, June 05, 2002

Sunda

BAG I (Rebo, 05 Juni 2002, 10:44:38 PM)

Assalamualaikum Wr. Wb.Bismillahirrohmanirrohiim

Memang lamun urang terus ngamasalahkeun seler per seler sigana moal aya tungtungna. Tapi lamun masalah eta di dipersempit nepi ka masalah nu urgen. Misalna masalah neangan kipayah. Terus dina masalah ieu jadi pacengkadan karak masalahna pindah kana carana. Luyu atawa henteu jeung aturan nu lumaku. Boh aturan agama atawaaturan pamarentahan/hukum.

Lamun memang patukang tonggong jeung aturan. Tah ieu nu kudu dilempengkeun ku urang nu memang cenah manusa nu sadar kana hukum. Jeung urang salaku nu boga tempat kudu sadar kana kaluyuan tempat cicing urang. Rata-rata masalah nu umum diunggal wewengkon sakuliah Indonesia nu ku urang di picinta nyaeta kaendahan kota nu sok kurang alatan di pinuhan ku nu neangan kipayah. Di Bandung misalna, teu jarang jadi masalah. Utamana di alun-alun Bandung, sigana teh mun Om TEDDY jadi walikota asa ripuh mikiranna. (Aya moal nu nyalonkeunna, nya?)

Salian ti eta masalah etika bisnis nu perlu ku urang diperhatikeun. Ceunah ceuk kaom bisnismen, dina bisnis aya etika salah sahijina: Kudu mere mangpaat ka warga di wewengkon usaha. Memang geus kabuktian, misalna di Ciater, pengusaha eta nyadiakeun tempat renang khusus jang warga didinya. Gratis, teu mayar. Pon kitu deui Pabrik biskuit di Tangerang lamun unggal Idul Fitri ngabagikeun biskuit sakaleng sewang per suhunan imah. Tapi mun ceuk sim kuring nu leuwih hade mun eta mangpaat jang warga di wewengkon tempat usaha teh magrupakeun pagawean nu luyu jeung kaperluan atawa kaahlian nu memang dipimilik ku diantarana warga didinya. Maenya ari teu aya pisan, mah nya?

Cag heula... (Hayang mikir heula...)

Bag II

Assalamualaikum Wr. Wb.
Bismillahirrohmanirrohiim

Aya kahariwang dina hate basa mimiti miluan SUNDA. Nu utamana kahirawang teh sieun urang teh kajebak ku sikep Ashobiyah (cintabangsa) nu kaleuleuwihi. Sedengken sikep kitu teh ku Islam bener-bener di carek. Malah maotna ge diluyukeun maotna Jahiliyah.Hag siah... Saha coba nu daek maot cara kitu?? Amit-amit.

Ya Allah,mugia Urang Sunda teu aya nu maot cara kitu! Amien...Syukur Alhamdulillah... Geuningan loba keneh Urang Sunda nu leuwih Cinta ka Islam bari jeung teu ninggalkeun cintana ka potensi selerna sorangan jang kamajuan Islam. Mudah-mudahan sikep leuwih Cinta ka Islam tetep jadi tujuan Utama Gerakan Urang Sunda. Aya hiji ayat eusina kurang leuwih supaya urang nyiapkeun sagala ka bisa jeung persiapkeun kana sagalana. Supaya musuh-musuh urang gimir nempo katohagaan urang. Artina lain rek nyingsieunan pihak musuh. Tapi mangrupakeun totonde supaya urang boga ajen jeung musuh oge nu boga niat rek nyilakakeun jadi wanieun. Biasana nu nomer hiji nyaeta mantepkeun ekonomi. Lamun ekonomi geus mantep kaditu kadieu oge sigana bakal ludeung.

Wallahu 'alam--

Wassalam,
Best regards,
Mang TEDDY
Satria Kasep Forever
Nu Micinta SUNDA jeung KaADILAN
KaADILAN mawa Welas Asih.

Ku Mang TEDDY (Fr)" keur KUSnet

Banyol: "1/2 GELO"

" Lamun maneh jadi Christian Vieri anu kamari ngasupkeun 2 gol ka gul senegal..cik maneh nek kumaha ?" Ibro nanya ka Juned
" Ari dewek mah euy...nek mantuan tim maung Bandung meh teu keok wae !" tembal Juned.
" Ari maneh Japra ?" Ibro nanya ka si Japra
" Lamun dewek kawas manehna, jagoan meng bal, bengeut kasep, awak jalugjug jangkung...dewek mah nek neangan pamajikan we unggal lembur..sugan we atuh anak dewek anu lalaki jarago mengbal, atuh lamun awewe gareulis rupana indo jaradi pamaen sinetron....tah kitu euy !"
" Ari maneh Kardun ?"
" Ah dewek mah moal parna teuing ngalamun teh....bisi gelo euy...ieu ge mikiran hutang rantuy di unggal warung geus satengah gelo...komo deui mikiran nukitu nambahan meureun jadi tilu parapat gelo.."

Ku syam ridwan " keur KUSnet

Tuesday, June 04, 2002

Ngeunaan (Urang) Sunda

Assalamualaikum Wr. Wb.
Bismillahirrohmanirrohiim

Basa patepung jeung MGT di Subang, terus terang wae meuni asa diaku pisan. Kajeun teuing ngan sakeudeung oge da bongan sorangan telat. Kang MGT telpon jam 9.00 karak indit jam 11.00 nya puguh telat oge. Untung teu ditinggalkeun oge, nya... Hahaha..

Dina obrolan teh teu pira ngomongkeun bangsa sorangan keneh. Masalah patempatan usaha. Diantarana seler sejen nu usaha di urang tapi barijeung teu mernah, katambah-tambah sok mere conto atawa pangaruh goreng. Misalna dagang sangeunahna di emper toko batur. Tepi kangahalangan nu boga toko. Pajarkeun teh tempat umum ieuh.. Laku kitu teh nepa ka bangsa urang nurutan nepi ka ngahalangan nyieun jongko nu teu ngeunaheun ditempona (ngarusak pamandangan).

Pernah kajadian di lembur kuring basa rek aya penertiban ku aparat. Eh.. kalahkah ngalawan. Maranehna teh pada nyarakuan pakarang. Dilawan kumaha teu dilawan kumaha. Ahirna mah angger wae aparat ge teu bisa nanaon. Duka aparat oge saruana kitu pedah sok mentaan duit "kabersihan". Tah nu kitu teh teu pira ngan ukur pedah tina sual neang kipayah. Tapi bari jeung teu mernah.

Terus ngabahas ngeunaan lamun unggal seler teh usaha di tempat sorangan, dina harti ngawangun tempat sorangan. Seler Padang usaha di Padang, Sunda nya di Tatar Sunda, kitu deui Batak oge di Sum-Ut. Meureunan, ceuk kuring teh, unggal tempat jadi maju ekonomina jeung maju oge kabudayaanna. Malah meureun lamun kitu mah usaha otonomi daerah teh teu hese siga ayeuna, nya. Da di wangun ku pribadi nu geus "ngabumi" jeung tempatna, lain? (Duka tah numutkeun nusanesna).

Sajajalan kuring mikiran. Pedah seler batur mah beuki ngumbara, kitu jadi boga jiwa perjuangan nu mantep. Terus pikiran teh nepi kana, kumaha hiji perusahaan nu ngagawekeun warga didinya. Katempona teh jarang. Ceunah ceuk pamanggih nu mineng katempo lamun ngagawekeun warga satempat teh ceunah gawena sok sangeunahna. Datang teh ukur setor beungeut jeung lamun gajihan. Lamun nu kieu kumaha, tah baraya?--
Wassalam,
Best regards,
Om TEDDY
Satria Kasep Forever
Nu Micinta SUNDA jeung KaADILAN

Ku Om TEDDY keur KUSnet

Banyol: "Imitasi"

" Pajar atuh kabogoh teh menta dipahugi ku honda astrea supra-x euy, eta geuning dipahugi kongkorong deui, geulang deui " ceuk si salhiam ka sikadut
" Heueuh euy..geus kukuliringan kaditu kadieu weleh honda astreana euweuh nu imitasi.!" si kadut nyenghel.
" Jadi eta geulang jeung kongkorong teh....?"
" Tong loba omong euy...nu penting cinta manehna asli kadewek !"

ku syam ridwan Keur KUSnet

Banyol: "BOL : VOC fragment"

Humor deui ah, ambeh teu tegang teuing!

"Kapten Tack"
Guru sajarah di SMP keur ngawulang sajarah tiwasna kapten Tack, terus ngujipamahaman murid-murid na.
Guru sajarah : ... saha anu maehan kapten Tack??... (bari nunjuk hiji muridtitah ngajawab)
Murid (reuwaseun) : ...(teu ngajawab, kalah lewa lewe rek ceurik)
Isukna isuk-isuk, guru sajarah dipiwarang ka kantor Kepsek, sihoreng aya bapa na murid anu kamari tea,
Bapa na murid : ...Kuring kadieu teh rek klarifikasi perkawis tiwas nakapten Tack!
Kepsek : ...na kumaha manawi ? (bari kerung ngareret ka guru sajarah anugeus pias)
Bapa na murid : ...terus terang we, ...anu maehan kapten Tack teh sanes pun anak!!!

Ku Nana Aryana" keur KUSnet

Monday, June 03, 2002

Banyol: "Eh Ari Si Eneng !"

Kang Dedeng : "Cik neng panggaleuhkeun suuk Garuda nu sakilo lamun engke ka warung nya terus rokona we 3 bungkus Dji Sam Soe !".

Neng Yasmien : "Kanggo naon akang meuni seueur-seueur teuing kitu, aya tamu?".

Kang Dedeng : "Aeh ... ari eneng kapan engke sore teh bakal aya Ronaldo jadi ti ayeuna kudu siap-siap yeuh".

Neng Yasmien : "Ronaldo ?!. Saha eta teh kang, urang mana, anggota KUS net lain?".

Kang Dedeng : "Hus !. Lain atuh eta mah pamaen bola ti Brazil pujaan akang tea".

Neng Yasmien : "Bola !. Wah balatak deui wae yeuh ... leuheung mun tara gogorowokkan mah".

Kang Dedeng : "Eh ........ ari si eneng. Moal dioveran bola geura engke".

(Resep nonton bola ayeuna mah).
Ku Nugie (nprasidha@ap2.com.bn) keur urangsunda@yahoogroups.com

Saturday, June 01, 2002

gsg

gsg itenas teh lumayan leuga, da urut tempat maen basket. ayeuna mah tosdipermak, handapna keramik herang, teu aspal jiga taun2 kamari. da sokdisewakeun jang nikahan...

rohangan jang acara urang, teu ngangge sadaya gsg, tapi disekat, ku naon?ku bangku kuliah ditangtungkeun. naha bisa? da bangku kuliah (teori) dipangulinan abdi mah jiga bangku baso (ceuk barudak), multiplek 240 cm x 40cm. gsg sok dipake ujian, jadi aya stok bangku di dinya. teu kudu ngagusurti kelas.

acarana pan ngampar samak, sila. tapi teu dina keramik, tapi, bangku deui bae, dijajarkeun rapet, diluhurna make kaen, sasamakan, duka rek make samakdeui duka moal. keun we kumaha msiswa. kanggo nu sawala, di payun, nganggepanggung, ngangge naon? bangku deui bae dijajarkeun rapet, luhurna ngangge kotak multipleks nu diungkus karpet beureum, paranti wisudaan. Rada lega,da pengkeurna, aya peralatan degung.

bingung teu manggih sewaan baju adat jang degung, katua datang, "mang tiasa teu nelpon ka Ua Sas."

"Aya naon, kitu?"

"Ieu, acuk kanggo maen degung teh teu kenging yeuh."

"Naha kitu? oh..kudu make pakaian tradisional?"

Nya da kuring ge teu ngarti, nelpon ka bumi si Ua Sas, teu aya, aya mamahna si Eneng. ka Hpna, pareum. Ras emut ka Abah Surya. Salamet! Si Abah Surya netelakeun, teu kudu marake baju tradisional, malah make calana jeans jeung kaos oge kaci. Ku kuring dicaritakeun kitu. Zani jiga nu reugreug. terus cep Budi, msiswa TI urang Indramayu boga kahayang, "mang alusna mah, saatos diresmikeun teh ditembal ku rampak kendang, jiga dina acara ti heula."

"waktuna euy!"

"menta tujuh menit!"

"sok atuh..."

Budi jeung Martin Sitorus gura-giru ngabongkar sekat tea, dimundurkeun... jang panggung rampak kendang, aya sesa kotak beureum karpet tea.

Sekat bangku teh, ditutup kaen hideung. Meunang nginjeum ti teater lima wajah Institut Teknologi Adityawarman (ITA- leuwih alus ti ITB, da make A, A pan ti heula, terus B, terus C..D..E). rek make janur cenah. tadi kurang danana, pupuhu nyampeurkeun semu era."mang, bade ngangge janur tea"

"ok, danana kurang? perlu sabaraha deui? sok we nyarita, ulah kagok, da ATM aya dua di hareup." ceuk kuring, masksdna mah, enya, ATM dua, urang cokelku obeng...hehe, kriminal yeuh..

"genep puluh deui, ieu mung aya dana opat puluh..."

"seug, dagoan dua taun, mamang rek ka hareup heula..."

Resep gening, tapi teu hanjakal basa keur sakola teu ngalaman aktif dimana-mana. Da harita mah, kuring phobi kanu ngaran beungkeutan...keur mah, males kudu di Os...asa ngahinakeun karep daek dikitu kieu supaya'diaku' anggota!

geus saminggu hese sare, mun geus sare, hese hudang...lieur!Kuring nanya ka Asep, naha kabeh kudu diuk sila? teu dibere korsi2 acan? kumaha jang undangan jeung panelis? manehna ngadon seuri, bari nyarita, kieu, pamendak abdi mah, di Sunda euweuh cacah euweuh menak. Mun rek cacah, cacah kabeh, mun rek menak,menak kabeh. Ceuk kuring mah, atuh ari milih kitu mah, nya Sunda menak kabeh! undangan jeung panelis, sina dariuk sila...atawa jurus diuk lainn anu aya 16 ceuk si Ua Sas mah...

geus heula ah...rek neangan taplak jang di gsg. rek ngadudut taplak dirohangan kuring bae-poe saptu ieuh- jeung neruskeun hanca acara kuring... pangjajap ti eeditoran/pepenerbitan make powerpoint jeung Infocustea. Kang Denks, kuring mah tara aya masalah ku sakadang infocus, da aya teknisina nu ngurus, urang labkom..haha..

mj.

jamal@.... keur urangsunda@yahoogroups.com