Name:
Location: Bogor, Pasundan, Indonesia

Abdi mah lalaki biasa...

Tuesday, March 07, 2006

Ngagondang

baraya,

masih aya kitu kasenian maen gondang atawa kaulinan urang lembur. sok inget mun nyoréang katukang basa keur SMA. mun 17-an di kampung sok manggung maén calung, gondang atawa kaulinan urang lembur.

tah mun ngagondang téh 8 urang, wanoja 4 urang bari dikabaya jeung disamping satengah bitis bari nutuan lisung atuh lalakina 4 urang maké iket, baju kamprét nyoléndang sarung. harita mah teu aya band, dangdut, éstuning ngagambarkeun ciri khas urang lembur. malah masih aya nu napel kakawihan téh jiga kieu :

néng nong néng ja
toroktok embé jangotan
pa kuwu kariaan
kéjona kéjo gadung
laukna lauk bilatung
tangtung bedog rumpung
tong tang bedog rompang
hét hét embé jangotan
kélék monyét héhéotan....
(duka naon tah maksudna kakawihan téh).

cag ah....

wa Tito (Tito Suryana) titot@telkom.co.id keur urangsunda

0 Comments:

Post a Comment

<< Home