Agama jeung Kapercayaan Sunda Asli
To: Subject: [UrangSunda] AGAMA & KAPERCAYAAN SUNDA ASLI
Date: Tuesday, December 16, 2003 10:43 AM
AGAMA & KAPERCAYAAN SUNDA ASLI
Nu ngagem:Urang Sunda Kanekes (ngaran topna: Baduy).
Kanekes teh ngaran hiji tempat di Banten.
Ngaran Agama & Kapercayaan: Sunda Wiwitan. Wiwitan teh hartina mimiti, asal, poko, jati.
Ngaran sejen: Sunda Asli, Jatisunda (jati, sanes mahoni)
Ngaran Pangeran: Sang Hiyang Keresa (Nu Maha Kuasa), Nu ngersakeun (Yang Maha Menghendaki).
Sebutan sejen: Batara Tunggal (Tuhan Yang Maha Esa), Batara Jagat (Tuhan Penguasa Alam) Batara Seda Niskala (Tuhan Yang Maha Gaib)
Tempat Pangeran:Buana Nyungcung Kabeh dewa dina konsep agama Hindu (Brahmana, Syiwa, Wisnu, Indra, Yama,jrrd) tunduk ka Batara Seda Niskala.
Konsep Alam ceuk 'mitologi' atawa 'kosmologi' urang Kanekes aya tilu:
- Buana Nyungcung, tempat linggih Sang Hiyang Keresa, pangluhurna
- Buana Panca Tengah, tempat jelema, sato, tatangkalan (kaasup tangkaljengkol jeung peuteuy) jeung sadaya mahluk sejena (sireum, tongo, tumbila,jeung sajabana)
- Buana Larang , naraka.
Kapangaruhan Hindu Saeutik Mun noong ngaran-ngaran batara ('utusan' Sang Hiyang Keresa: Wisawara, Wisnu, Brahma), tetela aya pangaruh ti Hindu kana ieu sistem kapercayaan urang Kanekes. Tapi kapercayaan Urang Kanekes ieu lain Hindu.
Buana Panca Tengah Ieu wilayah jelema jeung mahluk sejenna, dibagi numutkeun tingkat kasucianana:
- Sasaka Pusaka Buana, dianggap paling suci, ampir ngarendeng jeungSasaka Domas (atawa Salaka Domas). Ieu pusat dunya.
- Kampung Jero, Pusat lingkungan Desa Kanekes
- Kampung Luar/panamping/penyangga/bumper, Desa Kanekes, jadi pusat Banten
- Banten, jadi pusat Sunda
- Tanah Sunda
- Luar Tanah Sunda
Buyut/Pamali Aya dua jinis:
- Buyut Adam Tunggal, pamali nalian urang Tangtu (warga kampung jero). Buyut ieu pamali nu nalian hal poko jeung nu sejenna/rinci
- Buyut Nuhun, pamali nu berlaku jang orang Panamping jeung Dangka (wargaKanekes Luar). Buyut ieu mah ngan jang nu poko. Jadi nu di Panamping atawa Dangka kaci dilakukeun, tapi di daerah Tangtu/Kampung Jero mah teu kaci. Pamali bin buyut ieu ngandung udagan:
- melindungi kasucian jeung kamurnian suka manusa
- melindungi kamurnian mandala/tempat cicing
- melindungi tradisi Buyut atawa pamali (tabu) diayakeun bisa jadi jang melindungi mandala Kanekes, karena ti samet Karajaan Sunda ancur (1579 Masehi), teu aya deui karajaan nu ngalindungi. Malah sok aya pertentangan kapentingan antara urang Kanekes jeung Kasultanan Banten oge pamarentah kolonial.
Tah, ceunah, cara jang melindungi diri sendiri teh make eta pamali atawa buyut! Teu kawasa, ucapan nu kaluar mun kudu ngarempak buyut.Hukuman atawa sanksi jang nu ngarempag buyut: dikaluarkeun/dipiceun/ditamping ti lingkungan asal dina jangka waktu nutangtu, biasana 40 poe. Upacara pelaksanaan hukuman disebut Panyapuan.
Konsep Daur Hirup Sukma atawa roh jelema asalna ti Kahiyangan, mun hirup di Buana Panca Tengah angges, sukma balik deui ka Kahiyangan (ngahiyang tea meureun!). Waktu sukma turun ti Kahiyangan ka Buana Panca Tengah, kondisina rahayu, alus, balik oge kudu kitu. Mun henteu beresih tapi kotor alatan lobabuyut/pamali nu dirempag, nya ka naraka. Alus gorengna sukma waktu rek mulang gumantung kana amal perbuatan di Buana Panca Tengah saluyu jeung tugas hidup masing-masing. Dina raraga mancen tugas, sukma dibekelan 10 indra. Enyaan, sapuluh, lain salah nulis!
Geus ah, cape euy!
-------------------------
Catetan: Meunang niron ti Edi S. Ekadjati, Kebudayaan Sunda (Suatu PendekatanSejarah), Pustaka Jaya, 1995. (Bukuna meunang nginjem ti Arie Kusuma Argadipa, urut mahasiswa si kuring, teu kaburu dibalikeun, da si eta nageus lulus manten, hehe-)
mj
geocities.com/mangjamal
0 Comments:
Post a Comment
<< Home