Name:
Location: Bogor, Pasundan, Indonesia

Abdi mah lalaki biasa...

Tuesday, March 07, 2006

[Keom Sakedap] DUET

Mangsa keur meujeuhna padedet kumuatan,siaki jeung sinini ngamen dihiji bus way koridor opat jurusan Cibudayut-Rancaoa. Jentrengna sora okulele anu disintreukan kuramo siaki, patembalan jeung barakpakna sora aqua galon anu ditabeuh ku sinini minangka kendangna. Salian jadi juru kendang, tugas sinini ngarangkep jadi vokalis. Dina olah vokal mah sinini teh teu bisa dianggap enteng, mun keur ngahaleuang lagu erock gayana ngaleuwihan Laela Sari, atuh lengkingan sorana ngaleuwihan candil vokalis grup band seurieus tea. Dasar sinini, teu boga kaadeuh, pangrasana keur manggung di Jakarta Convention Centre, padahal harita keur aya di jero bus way, bari ngahaleuang, manehna teu daek cicing ijigimbrang kaditu kadieu, atuh puguh we panumpang ngilu ruad reod kaditu kadieu. Keur anteng ceuceuleuweungan ngahaleuangkeun lagu "nini juga manusia" katingali sabagean panumpang loba nu mempetan irungna, lain bau lantaran kelek sinini teu make rexona roll on, tapi lantaran isuk-isuk sinini tas ngagedag sangu pleus hulu peda ditambah peuteuy erep dua papan.

Beda jeung pangamen lainna, pangamen duet nini-aki mah bisa request lagu, mun nek mundut lagu para panumpang tinggal ngacung tur nyebutkeun lagu naon anu dipundutna. Atuh mun mundut lagu bari hayang diimplik implikan ku sunggal senggol diantara sasama panumpang, tinggal ngasongkeun catetanana bari diselapan duit jeger gobanan. Soal tarip, siaki teu masang tarip resmi, estu saridona, ngan mun kaparengan nu dipenta keur suwung receh, siaki rikat ngasongkeun gesekan kartu kredit kalayan bisa transaksi auto debet lewat kartu atm. Mun nu dipenta katingalina ngaharib harib kabeungeut koruptor, siaki ngaharewos bari ngasongkeun nomer rekening, transfer we cenah itung-itung money loundring.

Samemeh breng manggung, saperti biasa siaki sok biantara heula minangka bubuka. "Haturan baraya, wilujeng patepang deui sareng pangamen cunihin, teu hilap ngahaturkeun nuhun ka apih supir sareng om konektur anu tos masihan padamelan ka siaki, atuh sateuacana neda sihapunten boh bilih aya nu kadupak, kababuk, kajejek, katoel, kaeleketek, kasintreuk, kajiwir kumisna, kagareuwahkeun nundutanana tur ngalamunna, sakali deui hapunten anu kasuhun!"

Sabada nepikeun bubuka siaki mere kode ka sinini pertanda lagu "sapatu butut" anu mangrupakeun lagu kabangsaan pangamen mimiti dihaleuangkeun. Rengse ngahaleuangkeun lagu wajib, satengah ngagorowok siaki nalek kapara panumpang. "Nu bade request lagu silahkan!" Atuh berenyek teh ampir kabeh ngaracung.

"Sabar saderek, sabar! Oh muhun lagu linkin park sumangga! Naon deui? ", Persiden jujur ? Ah maenya, aya oge Radja jujur,Sok naon deui ? Kulan? Kirang jelas! Oh tilil kombinasi...mangga! Tah kumargi seueur teuing pamundut aya kana ratusna, meh adil kumaha mun siaki jeung sinini duet dina judul euis...sok prung ah !"

Aki : "Nini...yeuh dangukeun heula.."
Nini :"Pihatur naon anu di seja."
Aki : "Hayu urang kakawihan."
Nini : "Kawih pangdugining ati."
Aki : "Nini...ke antosan heula."
Nini : "Aeh aeh saha eta?"
Aki : "Aki....sobat nu baheula."
Nini : "Euleuh euleuh saur saur saha?"
Aki : "Euis eh nini teuing ku lucuna."
Nini : "Idih idih paribasa."
Aki : "Estu ku matak kayungyun."
Nini : "Ah pameget eta mah biasa."
Aki : "Aduh euis aduh aduh nini."
Nini : "Ibu apa,Ieu geura."
Aki : "Euis."
Nini : "Ieu aya aki aki, nu ngangken tresna ku ngararewa."
Aki : "Aduh euis aduh aduh nini."
Nini : "Estu ku seueur gogoda."
Aki : "Euis."
Nini : "Nu jangkung jalmina, badag etana, sesah hilapna."
Aki : "Aduh euis aduh aduh. ( Tobaaaattttt)"
SR

syam ridwan payoez@yahoo.com.au keur urangsunda

0 Comments:

Post a Comment

<< Home