Name:
Location: Bogor, Pasundan, Indonesia

Abdi mah lalaki biasa...

Wednesday, August 03, 2005

(Kalakuan Urang Sunda) Emang Kudu, Titinggal Jatigede Diteuleumkeun???

Ku Nina Herlina
Dialih bahasakeun ku : bnugraha sb
tina “Pikiran Rakyat , Kemis 4 Agustus 2005

”Titinggal jaman baheula ku rupa-rupa barang, rekngaran candi, prasasti, naskah, makam, arca, atawa kancing baju, eta teh patilasan sajarah anu kacida gede hargana keur urang. Kaca keur ningali budaya rakyat mana anu nyieunna. Jalma jaman ayeuna bisa neangan asal-usulna, ti mana urang datang, nyaeta ku cara ningali ka sajarah titinggal kabuyutan urang.Titinggal di Jawa Barat, anu mangrupa barang nu disebut prasasti atawa candi, dibanding jeung JawaTengah, leuwih saeutik.

Conto, dina waktu lima belas abad, urang teh ngan ngabogaan 30 prasasti. Sarua jeung candi , da urang sunda mah teu boga candi anu rada gede ku lantaran pangaruh lingkungan anu beda dibanding Jawa Tengah. Tah lamun kitu, nu saeutik ieu teh nu kudu di jaga ku urang sunda, nyaeta kaasup makam raja-raja baheula.

Dimana emang makam-makam raja baheula eta di Jawa Barat? Nyaeta salah sahijina di Kabupaten Sumedang. Di Kabupaten Sumedang, khususna di daerah nu bakal dibangun Waduk Jatigede, singhoreng loba pisan titinggal sajarah anu umurna geus ratusan tahun. Titinggal na teh makam kabuyutan, anu sababaraha hiji diantaran sok loba nu zarah ti daerah sejen. Keur urang, makam teh lain ngan saukur makam anu kudu dipikasieun, tapi kudu ditingali tina segi hasil ngawaris budaya urang jaman baheula. Memang eta makam bisa dipindahkeun, jawaban gampangna jiga kitu lah kurang leuwih. Tapi ulah poho, da lamun dipindahkeun oge, ku hal anu sifatna teknis mah moal jadi masalah, tapi nilai titinggal eta teh lainditingali kana rupa atawa bandana, tapi kana sajarah tempatna. Da soalna barang atawa banda anu berharga jiga kitu mah pakuat-pakait jeung tempat. Ari jelma jaman baheula mun milih tempat keur ngamakamkeun, lain asal-asalan atawa jore-jore dina itung-itunganana, tapi didasarkeun kana hiji pamikiran khusus. Jadi lamun makam eta dipindahkeun asa ngurangan kana nilai sajarahna.

Ayeuna urang tingali aya titinggal naon wae nu aya dina tempat anu bakal dijieun bendungan Jatigede. Urang mimiti kudu ningali kana sajarah kabuyutan Kabupaten Sumedang, Ti Karajaan Tembong Agung tepi ka Kabupaten Sumedang. Sumedang anu ayeuna salah sahiji kabupaten, nu boga nilai sajarah pangkolotna di Provinsi Jawa Barat. Didasarkeun kana sumber-sumber sajarah tradisi Sumedang, cikal-bakal Sumedang Larang ngamimitian tina karajaan, nyaeta Karajaan Tembong Agung, anu dibangun ku Prabu Guru Aji Putih taun 1500 (aya nu nyebut 1479) (Surianingrat, 1983:3). Pusat karajaan ieu di Leuwi Hideung, Darmaraja.

Tina sumber naskah Carita Parahyangan (anu kaasup sumber utama), Prabu Guru Aji Putih baraya jeung Prabu Permana atawa Prabu Sri Baduga Maharaja (anu marentah antara 1498-1521) ti Karajaan Sunda (Surianingrat, 1983:3). Prabu Guru Aji Putih tilar dunya, dikurebkeun di Astana Cipeueut, Desa Cipaku, Kecamatan Darmaraja. Permaisuri Prabu Guru Aji Putih, nyaeta Nyi Mas Ratu Ratna Inten atawa Nyi Mas Dewi Nawangwulan, pas tilar dunya, dimakamkeun kurang leuwih 100 meter tina makam Prabu.

Nu ganti Prabu Guru Aji Putih nyaeta anakna Taji Malela. Anjeunna gaduh putra kembar, nyaeta Lembu Agung (Lembu Peteng Aji) jeung Gajah Agung. Mimitina Lembu Agung nu dipenta ganti ramana jadi raja di Tembong Agung, tapi nolak. Kitu oge jeung Adina sarua nolak. Prabu Guru Aji Putih waktos nuju jumeneng keneh kantos nguji ka Lembu Agung jeung Gajah Agung, anu lulus teh Gajah Agung, ngan syaratna kudu neang keur daerah pusat karajaan, di luar Tembong Agung.

Dina waktu karajaan di pimpin ku Gajah Agung, kaluar cahaya anu ngalengkung di langit salila tilu peuting anu jiga salendang tepi ka langit peuting caang pisan." Prabu Tahi Malela ngucap, “Ingsun Medal Ingsun Madangan” (Aing lahir aing nu mere caang). Tidinya kaluar kecap “Sumedang”. Prabu Gajah Agung mindahkeun pusat Karajaan Tembong Agung ka Ciguling, Desa Pasanggrahan, terus ngaran karajaan ku manehna diganti ngaranna, jadi Sumedang Larang. Prabu Gajah Agung katelah ku sebutan Prabu Pagulingan.

Prabu Gajah Agung tilar dunya, dimakamkeun di Cicanting, ayeuna Desa Sukamenak, Kecamatan Darmaraja. Sedengkeun Lembu Agung tilar dunya dimakamkeun di Astana Gede, Desa Cipaku, Kacamatan Darmaraja, kira-kira 500 meter ti makam aki jeung ninina, Prabu Guru Aji Putih jeung Nyi Mas Ratu Ratna Inten (Nyi Mas Dewi Nawangwulan).

Prabu Gajah Agung tilar dunya diganti ku anakna nyeta Sunan Guling. Pas Sunan Guling tilar dunya, dimakamkeun di Ciguling, Desa Pasanggrahan, Kecamatan Sumedang. Terusna, Sunan Guling diganti ku anakna Sunan Tuakan, nu dimakamkeun di Heubeul Isuk, Desa Cinanggerang. Sunan Tuakan diganti ku anakna Nyi Mas Ratu Istri Patuakan, anu nikah jeung Sunan Corenda, incu Prabu Siliwangi. Nyi Mas Ratu Istri diganti ku anakna nyaeta Nyi Mas Ratu Ratna Inten Dewata, anu gelarna Ratu Pucuk Umun.

Jaman Ratu Pucuk Umun ieu, Karajaan Sunda jadi karajaan induk anu ngalaman kamunduran ti balatentara Islam ti Banten anu matak karajaan di handapna teu kaawas jeung geus bebas, kaasup Sumedang Larang. Karajaan Sunda bener-bener runtuh pas diserang ku balatentara Banten tanggal 8 Mei 1579 anu disebut “Pajajaran Burak”.

Ratu Pucuk Umun nikah jeung ulama Islam ti Cirebon nyaeta Pangeran Santri, nu disebut tina salah sahiji babad disebut cicitna Sunan Gunung Djati, ari sumber lain aya anu nyebut incu Aria Damar, Sultan Palembang turunan Majapahit. Ku kituna urang bisa ngira-ngira ti saprak harita Sumedang Larang geus mulai meunang pangaruh Islam utamana ti Cirebon. Ku lantaran Pangeran Santri nikah jeung Ratu anjeunna disebut bupati. Anjeunna oge anu jadi puhu (mimiti atawa ujung) silsilah raja jeung Bupati Sumedang Larang anu kadieu panerusna. Jaman pamarentah Ratu Pucuk Umun ieu, ibu kota Karajaan Sumedang Larang pindah ka Kutamaya. Ratu Pucuk Umun jeung Pangeran Santri tilar dunya taun 1570. Makamna di Gunung Ciung Pasarean Gede, Kota Sumedang ayeuna.

Ratu Pucuk Umun diganti ku anakna, Prabu Geusan Ulun (1579-1610). Prabu Geusan Ulun nyatakeun yen manehna panerus Karajaan Sunda jeung sakabeh daerah karajaan eta diasupkeun ka wilayah Karajaan Sumedanglarang, anu ayeuna wilayah Jawa Barat dikurangan Banten, Jayakarta, jeung Cirebon. Tapi basa daerah Priangan di awas ku Mataram, Sumedang Larang nu mimiti nyatakeun bakal satia ka Mataram jeung statusna rubah jadi kabupaten.

Status kabupaten ieu teu rubah liwat perjanjian, tanggal 19-20 Oktober 1677 jeung tanggal 5 Oktober 1705, Mataram nyerahkeun wilayah priangan ka VOC. Ti dinya\r\nSumedang di awas ku VOC anu terus tepi ka jaman pamarentah kolonial Hindia Belanda. Sumedang tetep jadi kabupaten tepi ka jaman Republik Indonesia ayeuna

Panutup, Megaprojek Jatigede anu geus direncanakeun ku pamarentah tahun 1963 bakal neuleumkeun kira-kira 30 desa anu aya di genep kacamatan, nyaeta Situraja, Cisitu, Darmaraja, Wado, Jatinunggal, jeung Jatigede. Pamarentah emang boga kapentingan ngabangun bendungan di daerah ieu anu ceuk pamadegan pamarentah bakal bisa ngajawab masalah banjir sakaligus halodo di sababaraha sentra penanaman padi di Kabupaten Majalengka, Indramayu jeung Cirebon.

Tapi ari pamadegan Menteri Kahutanan (15 Juli 2005), tulisan Prof. Dr. Kusnaka Adimihardja, aya alusna urang dangu. Anjeunna naros emang kudu sajarah budaya diteuleumkeun keur kapentingan ekonomi anu can bisa dipastikeun bakal nguntungkeun rakyat. Lamun jadi diteulemkeun, rakyat Tatar Sunda emang boga saeutik titinggal budayana nu bakal ngaleungitkuen kakayaan budaya jeung sajarah urang sunda.

Penulis, Kepala Pusat Penelitian Kemasyarakatan dan Kebudayaan
Lembaga Penelitian Unpad
Ketua Masyarakat Sejarawan Indonesia Cabang Jawa Barat.

Komunitas Urang Sunda (urangsunda@yahoogroups.com)--> http://www.Urang-Sunda.or.id

0 Comments:

Post a Comment

<< Home