Name:
Location: Bogor, Pasundan, Indonesia

Abdi mah lalaki biasa...

Saturday, June 08, 2002

Maman Gantra: Sunda, Internet, jeung Milis

Waktu sawala di GSG Itenas, 1 Juni kamari, Abah Surya diantawisna sasauran kieu : "Milis urang sunda naratas lahirna genre sastra Sunda di internet," kitu saur si Abah. Teu hilap harita anjeunna nataan prilaku atanapi budaya/kabiasaan tutulisan nu aya dina milis urang. (Oge milis lianna, tangtuna teh). Kuanjeunna dibandingkeun kumaha bedana nulis di internet, nya dimilis jiga kieu, jeung di media massa lianna. (Eh, ari internet kaasup media massa heunteu, nya?). Pon kitu deui jumlah hit nu aya dina portal Sundanet.com, nu ngiring diasuh ku anjeunna.

Singhoreng, eta kasepuhan teh gemet oge nitenan budaya "profan" sapertos kitu teh. Eta bae dugi ka terang ka sarupaning 'popondokan' sagala. Om Teddy mah can tangtos terang eta teh, Abah. Hehehe….

Ningali jeung ngadenge naon nu disaurkeun ku Abah Surya hate teh nya rada bungangang. Lain pedah nyangkut Perceka atawa milis tempat kuring ngilu jadi anggota. Tapi, saperti oge naon nu dipalipirkeun kuAbah Surya: Manusa Sunda teh geuning teu kamalinaan (teuing) sararena teh. Aya usaha pikeun ngamumule diri, ngarawat jeung ngembangkeun budayana.

Nu pikareueuseun, kituna teh bari teu katinggaleun zaman. Kiwari wayahna make internet, nya parabot ieu nu dipake pikeun ngarawat eta titinggal karuhun teh. Boh ku milisna, boh ku portal atawa situs-situs ka-Sunda-annana. Nepi ka, ieu mah kasauran Ceu Aam Amalia, seler sejen mah sok harelokeun (campur sirik). Utamana ningali kaayaan sastra Sunda nu tetep hirup nepi ka kiwari. Naha, Sunda bet bisa kitu? Majalah jeung koranna aya. Buku-bukuna meh tiap usik diwedalkeun. Pan Minang, Bali, atawa Jawa mah teu barisa kitu? Padahal eta seler-seler teh kawentar miboga tradisi sastra (tulis) nu hade baheula mah. Kitu kasauran si Teteh teh."Nepi ka maranehannana marenta supaya karya-karya sastra Sunda teh ditarjamahkeun kana basa Malayu. Harayangeun maca jeung hayang nyaho, na kumaha sih eusi eta sastra basa Sunda teh," saur Ceu Aam, kurang leuwih.

Komo, dina perkara ngarumat budaya mah, saperti nu disigeung ku Abah dina biantarana, nya ngan seler Sunda sahiji nu geus bisa nyieun konprensi internasional sagala. Pan seler Bugis mah, asana, karek kamari nyieun nu internasional-internasional kitu teh. Enya basa ngayakeun konprensi internasional ngeunaan La Galigo tea. Bari katingalna, teu bisa ngeundeukkeun seler Bugis sorangan jiga kumaha KIBS ngageunjleungkan sakabah bangsa Sunda jeung Nusantara.

Soal ngageunjleungkeun Nusantara, katingal tina seminar nasional basa jeung sastra daerah di Solo, nulumangsung sanggeus KIBS diayakeun. Sanajan, dina halna perkara konprensi rohaka tadi jalma nu julig belang bayah mah macana teh dibalikeun: Nya pantes we ngayakeun acara jugala kitu, da tatuna budaya (jeung manusa) Sunda teh memang geus parna pisan. Nepi ka butuh "bantuan" pihak internasional pikeun nyageurkeunnana. Kitu, ceuk pipikiran si julig,nu teu bisa nganuhunkeun kana kaasih pangeran atawa usaha-usaha batur nu sipatna positif pikeun kahirupan sarerea.

Tapi, nya keun baelah. Tong dipikiran teuing. Ngaranna ge jalma. Ongkoh julig deuih.

Ngan, kuring ge jigana rada kabawa jadi julig ieu teh, yeuh. Kabawa teu tumarima kana kaayaan. Bener, di hiji pihak, naon nu nyampak kiwari teh matak pikabungaheun. Budaya Sunda geus nepi dikonprensikeun bari tingkatna ngabuana. Nga-internasional. Atuh, kasadaran politik bangsa Sunda, saeutik-eutikkeun mah aya. Geus puguh ari kasadaran sosial jeung ekonomina mah. Da, bubuhan langsung karasa ku masing-masing meureun. Enya, sarua"balangsak", sarua jadi korban krisis moneter jeung kasalahan urus nu dibarendo.

Pon kitu deui perkara basa Sunda, nu jadi ciciren bangsa sakaligus mata holang budaya, nu ti baheula mula (cenah ieu ge, saur Ceu Aam, dina sawala tadi) geus dipikahariwang pakumbuhan jeung tumuwuhna ku kolot-kolot harita. "Kuring manggih tulisan di hiji majalah lawas di Perpustakaan Nasional, wedalan taun1932," kitu saur si Euceu teh. Eta tulisan teh, jiganu geus bisa kajudi ku urang sakabeh, nya manghariwangkeun kaayan basa Sunda harita jeung jaga. Jaga mah, ceuk eta "ramalan", basa Sunda teh bakal leungit. Kitu kira-kira. Jaga harita, hartina, nya kaayaan kiwari atawa kamari tea.

Padahal, dina prak-prakkannanana, jiga nu ditandeskeun ku Abah Surya, basa Sunda tetep aya.Masih tetep diparake. "Nya 'anjing-anjing' bae, mah,"ceuk Ceu Aam, bari nyindiran barudak Bandung nu kecap-kecapna teu pernah lesot tina kecap sato hiji eta.

Kateuneung ieu nu oge nambahan kabungah kuring.Hususna kateuneung ti sepuh-sepuh jiga Abah Surya. Malah, nu nambah hormat kuring ka eta inohong teh dongeng MJ basa manehna didatangan mahasiswana nu baringungeun pedah can meunang baju tradisional keur nu maraen degung. "Ah make kaos oblong jeung calana jeans ge teu jadi masalah," kitu saur Abah Surya, basa MJ nepikeun masalah eta ka anjeunna. (Asana mah MJ ge kungsi ngadongengkeun ieu dina salah sahiji postingna). Beu, ceuk kuring dina hate, tetela ieu sepuh tehjembar pisan. Lian ti bisa ngasuh barudak kiwari nu memang alamna geus lain, oge sadar yen budaya teh bisa obah. Paling heunteu, nya sarangkana. Da bedog mah angger bedog, sanajan teu disarangkaan ku kai kaboa oge. (Eh, Kang Ilen, naha leres kai kaboa iasa diangge ngadamel carangka bedog. Da kuring mah asal eungab bae ieu teh. Nu kumaha kaboa ge teu terang. Hehehe…).

Jeung tina kituna mah, geus katoong ti anggalna, sikep Abah Surya jiga kitu teh. Enya ku kersana ilibiung dina milis jiga kieu, nu ku sababaraha pihak mah dianggap gawe pangangguran atawa euweuh gunana, geus katoong kumaha sikep Abah Surya dina ningali atawa nyanghareupan kahirupan kiwari. Nya nyanghareupan oyagna zaman atawa budaya Sunda. Pan dina salah sawios postingna di Ki Sunda sababaraha waktu katukang, anjeunna kantos negeskeun. (Mun teu salah mah basa urang ngawangkongkeun degung Paskah di Indosiar). Budaya teh bisa di fill in, di itu di ieu. Malah bisa di delete pisan. Kitu saur anjenna harita. Coba?Pan biasana, panyawat para sepuh teh sok keukeuh peuteukeuh. "Ceuk karuhun kieu, kieu". Kitu na teh bari teu lali nyalahkeun jeung nyarekan barudak. Laklak dasar. Teu sirikna ditotog-totogkeun eta sirah barudak teh. Pajarkeun teh teu ngamumule budaya sorangan, teu hormat ka kolot, jste. Bari, padahal mah, eta barudak ngalakukeun kasalahan tadi teh lain ku dihaja. Tapi ku kateu nyaho. Da teu dipapatahan tea baheulana.

Ah, eta mah carita heubeul. Jeung barina ge, saur Abah Surya ge nyiduh ka langit, ngagogoreng kolot, teh doraka! Lain kabiasaan bangsa Sunda. Ku kituna, kolotnu didongengkeun di luhur teh lain kolot di Tatar Sunda. Tapi, kolot di ditu… di Uganda, Siberia, jeung Sudan.

Barina ge ngacapruk teh bet katara teuing ieu teh. Urang balikkeun deui bae kana jejer nu sabenerna ku kuring rek diwadulkeun : Kaayaan budaya jeung (sikep) manusa Sunda kiwari. Utamana pakuat-pakait jeung parabot nu ngaranna internet atawa milis. Ke sakeudeung urang posting saeunggeus nu ieu.Dipotong-potong teh ngahaja. Bisi macana bosen.

Tah, kaayaan budaya jeung manusa Sunda nu kaitung lumayan tadi -- malah nyugemakeun batan nasib budaya atawa basa seler lianna -- tangtu bae tong nepi ka mepende urang sakabeh. Saperti remen digunemcaturkeun di milis ieu, masih keneh loba nu kudu dipigawe pikeun nanjeurkeun budaya Sunda (jeung, nu utama, manusana tangtuna ge!). Sanajan bener urang geus bisa naratas ngamumule jeung numuwuhkeun ka-Sunda-an di internet, boh ku portalna boh ku milisna, di sagigireun eta aya oge nu geus lila jadi pikiran kuring. Nya masih ngeunaan internet oge. Hususna sikep atawa kaayaan bangsa Sunda jeung internet. Dina kaayaan infrastruktur telekomunikasi nu waluratjiga kiwari -- pulsa telepon nu ditetepkeun PT Telkomkaitung mahal, bari jeung can kabeh wewengkon bogaISP, sakalina aya nu motekar numuwuhkeun teknologi lian nu leuwih murah pamarentah jiga nu teu rido: Eta teknologi teh kudu dikokolakeun ku pausahaan-pausahaannu geus ditunjuk ku maranehna -- satemenna tingkat melek internet di urang teh katingalna masih keneh heureut. Lain bae nyampak di bangsa Sunda. Tapi, kumna di bangsa Indonesia.

Riset nu kungsi dilakukeun ku APJII (AsosiasiPenyelenggara Jasa Internet Indonesia) nembongkeun taraf melek internet di Indonesia ngan 1,3 persen tina sakabeh jumlah penduduk. Nya, kurang leuwih ngan 3 yuta jalma Indonesia nu sok atawa eungggeus waranoh jeung internet. Tina jumlah eta, nu langganan ISP sorangan teu leuwih 800 rewu jalma. Hartina, lolobana urang Indonesia make internet teh, mun teu ngadon kawarnet, nya ngamangpaatkeun fasilitas nu aya di tempat gawena sewang-sewangan. Kukituna, teu munasabah mun urang nitenan milis-milis nu aya -- sebut bae Ki Sunda jeung Urang Sunda -- sok sepi dimana meuneuran poe pere kantor teh. Da anggotana keur di arimah, bari jeung arang nu langganan internet sorangan.Tah kitu kaayaan umum bangsa urang teh.

Kumaha nu husus ngeunaan bangsa Sunda sorangan? Tangtu bae hese matotoskeunnana. Da, can aya riset nu husus noongan melek internet atawa kapamilikan internet di kalangan seler Sunda. Tapi, lamun kuring leukeun ngabandungan jumlah milis-milis kadaerahan atawa milis kabudayaan tiap seler nu aya, tetela melek internet atawa melek milis bangsa Sunda teh can pikareueuseun.Coba bae, saperti ku kuring remen disigeung, jumlah dua milis ieu aya kana 600-annana. Kitu oge teu diitung nu dobel kaanggotaan. Hartina, di Ki Sunda ngilu, di Urangsunda oge milu -- jiga kuring, MJ, KangOman, Om Teddy, jeung sababaraha dulur lianna. Hartina deui, paling loba anggota dua milis ieu teh teu leuwih ti 500 urang.Dibandingkeun jeung milis basa Jawa, nu ngan saukur 290-an (mun teu salah inget), tangtu bae jumlah tadi kaitung lumayan. Komo, seler Sunda mah pan cacah jiwana ge leuwih saeutik manan seler Jawa.

Hartina, prosentase urang Sunda nu milu milis leuwih loba manan urang Jawa nu milu milis Jawa. Bener aya seler lian nu nyelip di antara milis-milis eta. Misalna Lae Pandapotan di Ki Sunda. Tapi, pan eta mah teu sabaraha. Teu signifikan, meureun piistilaheunnana teh. Da bisa dipastikeun, di dua milis ka-Sunda-an eta, anggota nu aya lolobana ti seler Sunda. Pon kitu deui di milis Jawa. Atawa milis-milis kaseleran lianna, nya mayoritas anggotana teh ti seler sewang-sewangan.Tapi, kumaha mun dibandingkeun jeung milis seler Batak atawa Minang? Tah, di dieu urang kudu hudang teh. Kuring sok pirajeunan ningalian salah sahiji milis ka-Batak-an. Utamana nu diluluguan jeung diajangkeun pikeun nonoman-nonomanna. Jumlah anggotana teh nepi ka 900 jalma leuwih. Malah kungsi nepi ka leuwih ti sarewu urang. Bari jeung milis manehna teh lain ngan hiji dua. Tapi aya welasna mun teu salah mah. Coba bae teang ka yahoogroups.com. Search make kecap Batak.Insya Allah bakal ngaburudul geura.Pon kitu deui milis urang Minang. Mun kuring teu salah, aya milis nu anggotana nepi ka 5000 urang! Kituna teh, di luar jumlah anggotana, jumlah milis maranehanna ge katingal loba. Lian ti milis nu nampung kum sakabeh seler Minang, misalna, aya oge milis nu ngawengku "luhak-luhak" atawa wewengkon. Ti mimiti Rantau Net nepi ka milis urang Maninjau. Kitu deui di Batak. Lian ti milis Batak katingalna aya milis marga-marga jeung wewengkon maranehna.

Ningali ceuyahna milis nu aya, oge jumlah anggota-anggotana, bisa dipapantes mun jumlah sakabeh urang Minang atawa urang Batak nu jadi anggota eta milis-milis teh loba pisan. Kumaha di urang? Di urang ge memang aya milis urang Subang, Purwakarta, Indramayu, Cirebon, Tasik, jeung Sukabumi. Tapi, mun dihijikeun kabeh, jumlah anggotana teh teu nepi kasarewu asana mah. Milis urang Bandung atawa Bogor? Eta oge aya. Malah milis ka-Bandung-an mah nepi ka aya limana. Tapi, nya kitu, rada hese mun disebut milis ka-Sunda-an teh. Da naon nu diwangkongkeun di dinya teh teu khusus ngeunaan budaya atawa bangsa Sunda. Jeung, nu leuwih penting, basa nu diparakena ge lain basa Sunda. Aya eta oge nu sok marake basa Sunda.Tapi, pan lain basa wajib jiga di dua milis ieu. Antukna, kuring leuwih panceg ngasupkeun milis-milis eta kana milis ka-kota-an, nu nyawalakeun kaayaan kota atawa tempat warga hiji kota ngawangkong atawa ngawarung bandung.

Ningali fakta jiga kitu, dua hal patanyaan bisa disodorkeun: Hiji, naha saeutikna anggota milis-milis ka-Sunda-an ieu nunjukkeun yen urang Sunda can melek internet? Atawa, kadua, enggeus ari melek internet mah. Tapi, can melek milis. Maksudna, bangsa Sunda teh bisa jadi geus loba nu wanoh jeung parabot nu ngaranna internet ieu. Tapi, teu waranoheun yen di dinya teh aya parabot lian nu ngaranna milis. Tapi, asa piraku,nya? Atawa, katilu, nu dipikapaur ku kuring, bangsa Sunda bener-bener bangsa soliter. Bangsa nu resep"sewang-sewangan", bari teu pati malire kana pentingna silaturahmi di antara bangsana sorangan. Kaasup, nyaku ngaliwatan milis atawa internet jiga naon nu dilakonkeun ku urang sorangan. Atawa, bisa jadi, bangsa Sunda malire pisan kana pentingna silaturahmi tea. Pan maranehna teh boga babasaan "entong pareumeun obor" atawa nu sajinisna. Tapi, meureun, leuwih "realistis" dina ngajalankeun silaturahmina teh. "Na, rek silaturahmi bae kudu make milis. Nya rek silaturahmi prak bae tepungan langsung baraya jeung dulur-dulur teh. Pan, leuwih afdol tah?," kitu meureun ceuk maranehannana teh. Tapi, pan ku alatan kasibukan sapopoe, teu bisa salilana urang bisa paamprok jonghok jiga ilaharna. Nya internet nu jadi parabot pikeun bisa tetep silaturahmi tapi teu kudu paamprok sacara fisik.

Pondokna, kasimpulan kuring saheulaanan, umumna urang Sunda memang can wanoh kana internet jeung milis.Tah, ieu ge bisa dibaca leuwih jauh. Naha kateuwanohan eta teh ku alatan tingkat pendidikan, kamampuan ekonomi, atawa naon? Naon bae jawabannana di antara nu dua tadi, tangtu bae pikahariwangeun. Sabab, tetela bener seler urang teh katinggaleun. Jeung bakal leuwih katinggaleun manan seler lianna. Urang Batak, nu leuwih "dinamis", leuwih guyub jeung papada baturna, geus bisa ngamangpaatkeun parabot nu ngaranna internet. Padahal, saperti naon nu ditembongkeun ku India (mun teu salah hasil riset UNDP pangaahirna, ngeunaan indeks kualitas manusa), internet teh gede pisan pangaruhna kana karaharjaan masarakat. Memang lain karaharjaan dina harti fisik (ekonomi atawa materi), tapi karaharjaan nu sipatna immaterial. Hal nusatemenna leuwih penting manan materi. Paling heunteu ku perkara batin eta (kapinter, kanyaho, mentalitas), hal materi bisa leuwih gampil kaudag. (Atawa leuwih hese? Da udagannana jadi leuwih luhur? Hehehe…).

Kukituna, sakali deui, mun urang -- nu geus "katinggaleun" ku seler lian -- oge katinggaleun dina perkara internet ieu, atuh nya bakal leuwih katinggaleun deui bae. Hartina, hal ieu mibutuh pipikiran jeung lengkah-lengkah nu daria tur nyata tiurang sakabeh pikeun nungkulan ieu kaayaan. Tah, palebah dinya, kuring sorangan, lian ti ngalamunkeun ayana program sayuta warnet di Tatar Sunda (muka warnet di tiap kacamatan di Tatar Sunda), rek nyodorkeun resep nu meureun leuwih gampang jeung murah: Ngamasarakatkeun ayana ieu dua milis ka bangsa Sunda lianna. Arajakan maranehna sangkan ngilu aub didieu. Sabab, nya ku cara kieu aya dua hal nu bisa kahontal atawa kalakonan. Lian ti wanoh jeung internet teh, urang bisa ngawarung bandung. Nyawalakeun (jeung prakna) kumaha ngamajukeun sarakan. Carana? Gampang bae: Nya sing leukeun bae ngirim"undangan" ka milis-milis sejen. Hususna, milis-milis nu anggotana loba jeung pikiraeun loba diiluan kubangsa Sunda. Biasana milis-milis kaagamaan, ekonomi,budaya, jeung milis-milis nu eusina ceuyah ku hal-halnu…cawokah tea. Atawa: Bejaan saha bae bangsa Sunda nu urang tepung atawa wawuh, Urang ngariung di milis urangsunda kituh.Urang ngetrek, ngaheroyan Neng Yasmine, bari ngararancang nyieun Nagara Sunda Merdeka! Hahaha….

Eunggeus, ah! Bisi jadi ngacaprukna pisan. Eukeur mah geus cukup panjang deuih,. Geus genep kaca. Bisi peureus nu macana. (Tapi, MJ, Ua Sas, Kang JR, BahMaik, ari ngawarung bandung teh bener nulisna jiga kitu? Atawa ngawarung Bandung? Jeung kumaha sasakalana ieu babasaan teh? Kunaon teu ngawarung bogor atawa ngawarung galuh, misalna? Atawa ngawarung pandeglang sakalian?).

Baktos bae ka sadayaNa,

MGT

Catetan: Kasauran para inohong dina tulisan ieu ngan dicutat tina ingetan. Kukituna bisa jadi kuring salah nyutat atawa teu akurat. Sabab, basa sawala teh kuring teu kungsi cutat-catet, rukam-rekam, bari teu pati tigin ngabandungan naon nu didugikeun Abah Surya saparakanca. Da anteng nyonyoo kamera meunang ngadangkal nginjeum ti babaturan. Jeung teu ku hanteu, malum kamera geus rada lawas, audiona teu berfungsi. Atuh, mun hasilna diputer teh euweuh soraan. Jigana kudu diputer dina video player biasa.

0 Comments:

Post a Comment

<< Home