Name:
Location: Bogor, Pasundan, Indonesia

Abdi mah lalaki biasa...

Thursday, June 06, 2002

Sajak Siska Budiman

siska budiman
6 Juni 2002 7:01 pm
..Hujan angin ...**sajak**

ANGIN JANARI.

nu ngulisik ngabangingik
nyawang raratan lantaran
tukangeun lamping ngadingding
cunggelik na lampit peuting
ngadengekeun nu mangprung
ngapak peuting nu lungkawing
tunduk parentah nu Ngaping
janggelek diri sakujur
paudag udag jeung umur
raratan bet samar samar
kairik angin janari

HUJAN POYAN

deuleu panonpoe huhujanan
boa pohaci marandi

ieung, panonpoe teh cirambay
boa aya nu digupay

ssssttt, geuning ieu hujan poyan
boa karuhun keur moyan


siska budiman
6 Juni 2002 7:02 pm
....Kalangkang...**sajak**

HAREPAN

Ngan saukur kalangkang nu sok marengan
Kasono meh geus olab
Ngimpi geus lain udageun
Nu ngadadago ngan campego
Tapi bungah, ......
Sanajan saukur kalangkang

BANGBALUH

Geus meh nincak ka salapan taunna
Ieu bangbaluh mo bisa leungit
Sanajan aya cai panyurugan
Tapi, asa teu waroh bae
Jeung asa-asa bae rek nyalindung teh
Naha teu narimakeun


siska budiman
6 Juni 2002 7:04 pm
....Bingung...**sajak**

KABINGUNG

Nyerelek dina genggerong
Murubut piceurikeun
Kuring teu wasa
Lain, teu hayang ngamumule
Tapi, diraruksak ku manusa keneh
Mana nu rek dibanggakeun
Mana nu rek dicaritakeun
Ngan bari ngarahuh ......
Lain kuring teu tanggung jawab

KEUR KI SOBAT

Sobat, urang tuturkeun kahayangna
Urang tarima, kalawan daria
Ieu cocoba ti Yang Widi
Pasti aya hikmatna
Leungitkeun kabingung , kasusah, kasedih
Pasrah ngalawan sumerah
Bari teu tinggaleun tina ngadua
Sugan teh teu lila deui kabagjaan
Bakal marengan, ngalawan sampurna


siska budiman
6 Juni 6, 2002 7:08 pm
..Solat....**sajak ulangan**

SOLAT

Rep
Sidakep
Awak madep
Teng
Manteng
Lelembut neangan dzat NA
Pung
Ngapung
Sukma ngawang-ngawang
Kalayang
Kalayang
Kalayang
Ngaronjat tungtung jubah Na
Pung
Ngapung
Sukma ngajomantara
Meutik bulan
Mipit bentang
Ngala mangyuta cahya
Hate nyusu na hareup na


siska budiman
6 Juni 2002 7:15 pm
..seukeut...*sajak*

NU NURIH DIRI

Seukuet
jumentring angin peuting
nyokel rasa nu geus lila tanpa daksa
seukeut
hariring sora lamiang, Lumengis
nurih peurih eusi lelembutan
nyanyautan urut dikeset baheula
nu gunawang tepi ka ayeuna

0 Comments:

Post a Comment

<< Home