dudijeungurangsunda

Name:
Location: Bogor, Pasundan, Indonesia

Abdi mah lalaki biasa...

Tuesday, August 30, 2005

Penelusuran Jejak Ki Sunda dari Masa ke Masa

Penelusuran Jejak Ki Sunda dari Masa ke Masa
oleh : Anis Djati Sunda
di Bogor 2005

pamunah hung..
munah sing kari punah
punah lemah punah langit
bayu punah baya kapunah
rahayu suasti astu
nirmala seda malilang
pun !

Berbicara tentang pengertian kata "Sunda", telah banyak dibicarakan berbagai sumber dan berdasarkan berbagai kajian ilmu. Kesemuanya belum satu pun menuntaskan kepastian secara akurat. Dari berbagai kajian ilmu tadi, semua lebih cenderung memaknainya ke arah sebutan suatu komunitas wangsa,"Etnik Sunda". Sedangkan kata Sunda, malah dimaknai sebutan untuk keyakinan beragama, "Agama Sunda". Berdasarkan kajian spiritual, tersurat mitos ngadegna Nagara Sunda sebagaimana diberitakan Pantun Bogor sumber Aki Buyut Baju Rombeng episode Pakujajar Majajaran. Kata Sunda berarti suci, bahagian yang menyempurnakan (harti sunda teh suci, wareh nu nyampurnakeun). Tanah sunda pada awalnya disebut Buana Sunda. konon penamaan ini diberikan oleh Sanghyang Wenang. Alasannya pada saat tanah ini masih berupa hamparan kosong banyak didatangi untuk bertapa menyusikan diri ("hadé jasa pieun panyundaan nyundakeun diri") : "pieun nyampurnakeun raga eujeung sukma, abéh bisa ngarasa paéh sajero hirup, ngarasa hirup abari paéh.
Buana Sunda lama kelamaan menjadi tempat hunian petapa yang nyundakeun diri. Karena jadi penghuni buana Sunda orang-orang tersebut menyanding sebutan wang sunda (manusia suci). Berdasarkan berita pantun Bogor lakon curug Ci padaweuh, aga sunda sudah ada semenjak sebelumnya Dewawarman bertahta di Salakanagara (130-168M), apabila urang hindi dalam pantun identik dengan Dewawarman menurut sejarah pustaka Wangsakerta. Kitas Suci ajaran agama sunda ada tiga buah, sambawa,sambadadan winasa yang ditulis oleh Prabu Resi Wisnu Brata.
" .. ajaran-ajaran agama Sunda Pajajaran dituliskeun dina layang Sambawa, Sambada, Winayasa dijieun ku Prabu Reusi Wisnu Brata. Na inyana anu tukang tapa ngora. Inyana anu saenyana ngagalurkeun jadi kabéhan pada ngarti agama anu kiwari disebut agama Sunda Pajajaran téa. Agama anu hanteu ngabeda-bedakeun agama anu hanteu hadé. Anu hanteu hadé mah lain agama, tapi metakeun agama, jeung lampah arinyana anu arembung baé ngarti hartina téh nunggal nu ngan sahiji-hijina, ngan sahiji baé."

Hung
rahayu suasti astu
nirmala seda malilang
pun ....

tepas siloka Juni 2005

+dikintunkeun ku Kang Yayan Mulyana di jajaka_subang@yahoo.co.uk kanggo urangsunda@yahoogroups.com+

Friday, August 12, 2005

Kekembangan

kembang awi = eumbreuk
kembang bako = bosongot
kembang bawang = ulated
kembang bolang = ancal
kembang boled = tela
kembang cabe = bolotot
kembang cau = jantung
kembang cengek = pencenges
kembang cikur = jelengut
kembang eurih = ancul
kembang gedang = ingwang
kembang genjer = gelenye
kembang hoe = bubuay
kembang honje = combrang
kembang jaat = jalinger
kembang jambe = mayang
kembang jambu aer = lenyap
kembang jarak = uing
kembang jengkol = merekenyenyen
kembang jeruk = angkruk/angkes
kembang jotang = puntung
kembang kadu = olohok
kembang kalapa = suligar
kemang peuteuy = pendul
kembang kaso = curiwis
kembang kawung = pengis
kembang koneng = badul
kembang kulur = pelepes
kembang laja = jamotrot
kembang leunca = pengit
kembang limus = seleksek
kembang lopang = cacas
kembang muncang = rinduy
kembang pare = ringsang
kembang salak = sedek/gojod
kembang sampeu = dingdet
kembang taleus = ancal
kembang tangkil = uceng
kembang terong = moncorong
kembang tiwu = badaus
kembang waluh = alewoh.

(ti kang Dur di galapharma)

Wednesday, August 03, 2005

(Kalakuan Urang Sunda) Emang Kudu, Titinggal Jatigede Diteuleumkeun???

Ku Nina Herlina
Dialih bahasakeun ku : bnugraha sb
tina “Pikiran Rakyat , Kemis 4 Agustus 2005

”Titinggal jaman baheula ku rupa-rupa barang, rekngaran candi, prasasti, naskah, makam, arca, atawa kancing baju, eta teh patilasan sajarah anu kacida gede hargana keur urang. Kaca keur ningali budaya rakyat mana anu nyieunna. Jalma jaman ayeuna bisa neangan asal-usulna, ti mana urang datang, nyaeta ku cara ningali ka sajarah titinggal kabuyutan urang.Titinggal di Jawa Barat, anu mangrupa barang nu disebut prasasti atawa candi, dibanding jeung JawaTengah, leuwih saeutik.

Conto, dina waktu lima belas abad, urang teh ngan ngabogaan 30 prasasti. Sarua jeung candi , da urang sunda mah teu boga candi anu rada gede ku lantaran pangaruh lingkungan anu beda dibanding Jawa Tengah. Tah lamun kitu, nu saeutik ieu teh nu kudu di jaga ku urang sunda, nyaeta kaasup makam raja-raja baheula.

Dimana emang makam-makam raja baheula eta di Jawa Barat? Nyaeta salah sahijina di Kabupaten Sumedang. Di Kabupaten Sumedang, khususna di daerah nu bakal dibangun Waduk Jatigede, singhoreng loba pisan titinggal sajarah anu umurna geus ratusan tahun. Titinggal na teh makam kabuyutan, anu sababaraha hiji diantaran sok loba nu zarah ti daerah sejen. Keur urang, makam teh lain ngan saukur makam anu kudu dipikasieun, tapi kudu ditingali tina segi hasil ngawaris budaya urang jaman baheula. Memang eta makam bisa dipindahkeun, jawaban gampangna jiga kitu lah kurang leuwih. Tapi ulah poho, da lamun dipindahkeun oge, ku hal anu sifatna teknis mah moal jadi masalah, tapi nilai titinggal eta teh lainditingali kana rupa atawa bandana, tapi kana sajarah tempatna. Da soalna barang atawa banda anu berharga jiga kitu mah pakuat-pakait jeung tempat. Ari jelma jaman baheula mun milih tempat keur ngamakamkeun, lain asal-asalan atawa jore-jore dina itung-itunganana, tapi didasarkeun kana hiji pamikiran khusus. Jadi lamun makam eta dipindahkeun asa ngurangan kana nilai sajarahna.

Ayeuna urang tingali aya titinggal naon wae nu aya dina tempat anu bakal dijieun bendungan Jatigede. Urang mimiti kudu ningali kana sajarah kabuyutan Kabupaten Sumedang, Ti Karajaan Tembong Agung tepi ka Kabupaten Sumedang. Sumedang anu ayeuna salah sahiji kabupaten, nu boga nilai sajarah pangkolotna di Provinsi Jawa Barat. Didasarkeun kana sumber-sumber sajarah tradisi Sumedang, cikal-bakal Sumedang Larang ngamimitian tina karajaan, nyaeta Karajaan Tembong Agung, anu dibangun ku Prabu Guru Aji Putih taun 1500 (aya nu nyebut 1479) (Surianingrat, 1983:3). Pusat karajaan ieu di Leuwi Hideung, Darmaraja.

Tina sumber naskah Carita Parahyangan (anu kaasup sumber utama), Prabu Guru Aji Putih baraya jeung Prabu Permana atawa Prabu Sri Baduga Maharaja (anu marentah antara 1498-1521) ti Karajaan Sunda (Surianingrat, 1983:3). Prabu Guru Aji Putih tilar dunya, dikurebkeun di Astana Cipeueut, Desa Cipaku, Kecamatan Darmaraja. Permaisuri Prabu Guru Aji Putih, nyaeta Nyi Mas Ratu Ratna Inten atawa Nyi Mas Dewi Nawangwulan, pas tilar dunya, dimakamkeun kurang leuwih 100 meter tina makam Prabu.

Nu ganti Prabu Guru Aji Putih nyaeta anakna Taji Malela. Anjeunna gaduh putra kembar, nyaeta Lembu Agung (Lembu Peteng Aji) jeung Gajah Agung. Mimitina Lembu Agung nu dipenta ganti ramana jadi raja di Tembong Agung, tapi nolak. Kitu oge jeung Adina sarua nolak. Prabu Guru Aji Putih waktos nuju jumeneng keneh kantos nguji ka Lembu Agung jeung Gajah Agung, anu lulus teh Gajah Agung, ngan syaratna kudu neang keur daerah pusat karajaan, di luar Tembong Agung.

Dina waktu karajaan di pimpin ku Gajah Agung, kaluar cahaya anu ngalengkung di langit salila tilu peuting anu jiga salendang tepi ka langit peuting caang pisan." Prabu Tahi Malela ngucap, “Ingsun Medal Ingsun Madangan” (Aing lahir aing nu mere caang). Tidinya kaluar kecap “Sumedang”. Prabu Gajah Agung mindahkeun pusat Karajaan Tembong Agung ka Ciguling, Desa Pasanggrahan, terus ngaran karajaan ku manehna diganti ngaranna, jadi Sumedang Larang. Prabu Gajah Agung katelah ku sebutan Prabu Pagulingan.

Prabu Gajah Agung tilar dunya, dimakamkeun di Cicanting, ayeuna Desa Sukamenak, Kecamatan Darmaraja. Sedengkeun Lembu Agung tilar dunya dimakamkeun di Astana Gede, Desa Cipaku, Kacamatan Darmaraja, kira-kira 500 meter ti makam aki jeung ninina, Prabu Guru Aji Putih jeung Nyi Mas Ratu Ratna Inten (Nyi Mas Dewi Nawangwulan).

Prabu Gajah Agung tilar dunya diganti ku anakna nyeta Sunan Guling. Pas Sunan Guling tilar dunya, dimakamkeun di Ciguling, Desa Pasanggrahan, Kecamatan Sumedang. Terusna, Sunan Guling diganti ku anakna Sunan Tuakan, nu dimakamkeun di Heubeul Isuk, Desa Cinanggerang. Sunan Tuakan diganti ku anakna Nyi Mas Ratu Istri Patuakan, anu nikah jeung Sunan Corenda, incu Prabu Siliwangi. Nyi Mas Ratu Istri diganti ku anakna nyaeta Nyi Mas Ratu Ratna Inten Dewata, anu gelarna Ratu Pucuk Umun.

Jaman Ratu Pucuk Umun ieu, Karajaan Sunda jadi karajaan induk anu ngalaman kamunduran ti balatentara Islam ti Banten anu matak karajaan di handapna teu kaawas jeung geus bebas, kaasup Sumedang Larang. Karajaan Sunda bener-bener runtuh pas diserang ku balatentara Banten tanggal 8 Mei 1579 anu disebut “Pajajaran Burak”.

Ratu Pucuk Umun nikah jeung ulama Islam ti Cirebon nyaeta Pangeran Santri, nu disebut tina salah sahiji babad disebut cicitna Sunan Gunung Djati, ari sumber lain aya anu nyebut incu Aria Damar, Sultan Palembang turunan Majapahit. Ku kituna urang bisa ngira-ngira ti saprak harita Sumedang Larang geus mulai meunang pangaruh Islam utamana ti Cirebon. Ku lantaran Pangeran Santri nikah jeung Ratu anjeunna disebut bupati. Anjeunna oge anu jadi puhu (mimiti atawa ujung) silsilah raja jeung Bupati Sumedang Larang anu kadieu panerusna. Jaman pamarentah Ratu Pucuk Umun ieu, ibu kota Karajaan Sumedang Larang pindah ka Kutamaya. Ratu Pucuk Umun jeung Pangeran Santri tilar dunya taun 1570. Makamna di Gunung Ciung Pasarean Gede, Kota Sumedang ayeuna.

Ratu Pucuk Umun diganti ku anakna, Prabu Geusan Ulun (1579-1610). Prabu Geusan Ulun nyatakeun yen manehna panerus Karajaan Sunda jeung sakabeh daerah karajaan eta diasupkeun ka wilayah Karajaan Sumedanglarang, anu ayeuna wilayah Jawa Barat dikurangan Banten, Jayakarta, jeung Cirebon. Tapi basa daerah Priangan di awas ku Mataram, Sumedang Larang nu mimiti nyatakeun bakal satia ka Mataram jeung statusna rubah jadi kabupaten.

Status kabupaten ieu teu rubah liwat perjanjian, tanggal 19-20 Oktober 1677 jeung tanggal 5 Oktober 1705, Mataram nyerahkeun wilayah priangan ka VOC. Ti dinya\r\nSumedang di awas ku VOC anu terus tepi ka jaman pamarentah kolonial Hindia Belanda. Sumedang tetep jadi kabupaten tepi ka jaman Republik Indonesia ayeuna

Panutup, Megaprojek Jatigede anu geus direncanakeun ku pamarentah tahun 1963 bakal neuleumkeun kira-kira 30 desa anu aya di genep kacamatan, nyaeta Situraja, Cisitu, Darmaraja, Wado, Jatinunggal, jeung Jatigede. Pamarentah emang boga kapentingan ngabangun bendungan di daerah ieu anu ceuk pamadegan pamarentah bakal bisa ngajawab masalah banjir sakaligus halodo di sababaraha sentra penanaman padi di Kabupaten Majalengka, Indramayu jeung Cirebon.

Tapi ari pamadegan Menteri Kahutanan (15 Juli 2005), tulisan Prof. Dr. Kusnaka Adimihardja, aya alusna urang dangu. Anjeunna naros emang kudu sajarah budaya diteuleumkeun keur kapentingan ekonomi anu can bisa dipastikeun bakal nguntungkeun rakyat. Lamun jadi diteulemkeun, rakyat Tatar Sunda emang boga saeutik titinggal budayana nu bakal ngaleungitkuen kakayaan budaya jeung sajarah urang sunda.

Penulis, Kepala Pusat Penelitian Kemasyarakatan dan Kebudayaan
Lembaga Penelitian Unpad
Ketua Masyarakat Sejarawan Indonesia Cabang Jawa Barat.

Komunitas Urang Sunda (urangsunda@yahoogroups.com)--> http://www.Urang-Sunda.or.id

Agama jeung Kapercayaan Sunda Asli

From: mj
To: Subject: [UrangSunda] AGAMA & KAPERCAYAAN SUNDA ASLI
Date: Tuesday, December 16, 2003 10:43 AM

AGAMA & KAPERCAYAAN SUNDA ASLI
Nu ngagem:Urang Sunda Kanekes (ngaran topna: Baduy).

Kanekes teh ngaran hiji tempat di Banten.
Ngaran Agama & Kapercayaan: Sunda Wiwitan. Wiwitan teh hartina mimiti, asal, poko, jati.
Ngaran sejen: Sunda Asli, Jatisunda (jati, sanes mahoni)
Ngaran Pangeran: Sang Hiyang Keresa (Nu Maha Kuasa), Nu ngersakeun (Yang Maha Menghendaki).
Sebutan sejen: Batara Tunggal (Tuhan Yang Maha Esa), Batara Jagat (Tuhan Penguasa Alam) Batara Seda Niskala (Tuhan Yang Maha Gaib)
Tempat Pangeran:Buana Nyungcung Kabeh dewa dina konsep agama Hindu (Brahmana, Syiwa, Wisnu, Indra, Yama,jrrd) tunduk ka Batara Seda Niskala.
Konsep Alam ceuk 'mitologi' atawa 'kosmologi' urang Kanekes aya tilu:
  1. Buana Nyungcung, tempat linggih Sang Hiyang Keresa, pangluhurna
  2. Buana Panca Tengah, tempat jelema, sato, tatangkalan (kaasup tangkaljengkol jeung peuteuy) jeung sadaya mahluk sejena (sireum, tongo, tumbila,jeung sajabana)
  3. Buana Larang , naraka.
Panghandapna. Antara Buana Nyungcung jeung Buana Panca Tengah, aya 18 lapisan (langit tea meureun). Lapisan pangluhurna, ngarana Buana Suci Alam Padang, nu ceuk koropak 630 (sigana nomer lomari paranti nunda naskah kuno di Arsip Nasional Jakarta) disebut Alam Kahiyangan atawa Mandala Hiyang, tempat linggihna Nyi Pohaci Sanghiyang Asri jeung Sunan Ambu (Sunan Ambu ieu ayeuna dijadikeun ngaran gedong teater di Sekolah Tinggi Seni Indonesia Bandung (STSI) Buah Batu). Sang Hiyang Keresa nurunkeun tujuh batara di Sasaka Pusaka Buana. Nupangkolotna, Batara Cikal, dianggap karuhun urang Kanekes (Baduy). Turunan batara sejenna marentah di daerah Karang, Jampang, Sajra, Jasinga, Bongbang, Banten.

Kapangaruhan Hindu Saeutik Mun noong ngaran-ngaran batara ('utusan' Sang Hiyang Keresa: Wisawara, Wisnu, Brahma), tetela aya pangaruh ti Hindu kana ieu sistem kapercayaan urang Kanekes. Tapi kapercayaan Urang Kanekes ieu lain Hindu.

Buana Panca Tengah Ieu wilayah jelema jeung mahluk sejenna, dibagi numutkeun tingkat kasucianana:
  1. Sasaka Pusaka Buana, dianggap paling suci, ampir ngarendeng jeungSasaka Domas (atawa Salaka Domas). Ieu pusat dunya.
  2. Kampung Jero, Pusat lingkungan Desa Kanekes
  3. Kampung Luar/panamping/penyangga/bumper, Desa Kanekes, jadi pusat Banten
  4. Banten, jadi pusat Sunda
  5. Tanah Sunda
  6. Luar Tanah Sunda
Aturan Hirup: Titahan jeung Pamali (basa urang dinya, Buyut) ti karuhun. Kabuyutan, tempat nu ngandung rupa-rupa pamali. (Teu meunang anu, teu meunang anutea-.)Ritual/Upacara: ngukus, muja, ngawalu, ngalaksa. Muja diayakeun di Sasaka Pusaka Buana jeung Sasaka Domas dina waktu nubeda. Di Sasaka Pusaka Buana (SPB) sataun sakali, lilana tilu poe, tiap tanggal 16, 17, 18 bulan Kawolu (bulan kalima numutkeun sistim kalender UrangKanekes. US boga sistem kalender sorangan tah!). Muja dipingpin ku Puun (sigana sarupaning kepala adat) Cikeusik, jeung jalma-jalma kapercayaanana (baris kolot-sesepuh meureun). Poe kahiji, rombongan upacara angkat karanggon (Talahab- saung). Ngendong di dinya. Isukna, mandi jeung karamas, terus angkat ka Sasaka Pusaka Buana ti arah kaler. Upacara muja dilakukeun di undakan kahiji, ngadep ka pasir/bukit SPB, nepi ka tengah poe. Terus mersihan salira, bari memeres palataran undakan. Beres kitu, ngumbah leungeun jeung suku ti batu Sang Hiyang Pangumbahan. Terus naek kapuncak pasir/bukit. Di dinya rombongan ngala lukut nu napel dina batu. Lukut (lumut) eta disebut komala (permata), dibawa mulang jeung dipercaya bisa ngadatangkeun berkah jang nu merlukeun.

Buyut/Pamali Aya dua jinis:
  1. Buyut Adam Tunggal, pamali nalian urang Tangtu (warga kampung jero). Buyut ieu pamali nu nalian hal poko jeung nu sejenna/rinci
  2. Buyut Nuhun, pamali nu berlaku jang orang Panamping jeung Dangka (wargaKanekes Luar). Buyut ieu mah ngan jang nu poko. Jadi nu di Panamping atawa Dangka kaci dilakukeun, tapi di daerah Tangtu/Kampung Jero mah teu kaci. Pamali bin buyut ieu ngandung udagan:
  • melindungi kasucian jeung kamurnian suka manusa
  • melindungi kamurnian mandala/tempat cicing
  • melindungi tradisi Buyut atawa pamali (tabu) diayakeun bisa jadi jang melindungi mandala Kanekes, karena ti samet Karajaan Sunda ancur (1579 Masehi), teu aya deui karajaan nu ngalindungi. Malah sok aya pertentangan kapentingan antara urang Kanekes jeung Kasultanan Banten oge pamarentah kolonial.

Tah, ceunah, cara jang melindungi diri sendiri teh make eta pamali atawa buyut! Teu kawasa, ucapan nu kaluar mun kudu ngarempak buyut.Hukuman atawa sanksi jang nu ngarempag buyut: dikaluarkeun/dipiceun/ditamping ti lingkungan asal dina jangka waktu nutangtu, biasana 40 poe. Upacara pelaksanaan hukuman disebut Panyapuan.

Konsep Daur Hirup Sukma atawa roh jelema asalna ti Kahiyangan, mun hirup di Buana Panca Tengah angges, sukma balik deui ka Kahiyangan (ngahiyang tea meureun!). Waktu sukma turun ti Kahiyangan ka Buana Panca Tengah, kondisina rahayu, alus, balik oge kudu kitu. Mun henteu beresih tapi kotor alatan lobabuyut/pamali nu dirempag, nya ka naraka. Alus gorengna sukma waktu rek mulang gumantung kana amal perbuatan di Buana Panca Tengah saluyu jeung tugas hidup masing-masing. Dina raraga mancen tugas, sukma dibekelan 10 indra. Enyaan, sapuluh, lain salah nulis!
Geus ah, cape euy!
-------------------------
Catetan: Meunang niron ti Edi S. Ekadjati, Kebudayaan Sunda (Suatu PendekatanSejarah), Pustaka Jaya, 1995. (Bukuna meunang nginjem ti Arie Kusuma Argadipa, urut mahasiswa si kuring, teu kaburu dibalikeun, da si eta nageus lulus manten, hehe-)
mj
geocities.com/mangjamal