Name:
Location: Bogor, Pasundan, Indonesia

Abdi mah lalaki biasa...

Friday, May 31, 2002

Nabi Khong Hu Cu 'alaihissalam

Nabi Khong Hu Cu 'alaihissalam

Upami ningal Subject sareng Judul diluhur, para wargi ulah waka a priori heula, kumargi :
  1. Ti Al Qur'an & Hadits(Al Qur'an, 4:165), Diantawis Rasul-rasul aya anu disebat aya anu henteu, (Al Qur'an, 35:25) Rasul dikirim ka unggal umat, (dhi : Nabi Khong Hu Cu a.s dibangkitkeun kanggo bangsa Cina keur jaman na), (Al Qur'an, 2:137, 286) Teu kenging pilih kasih, anu ieu di-imani anu itu ditolak, kedah iman kasadaya Nabi/Rasul, (Al Qur'an, 4:151,152 ; 26:106,124,142,161,177) Nolak salah sawios Rasul hartosna nolak sadayana Rasul, (Al Qur'an, 19:52) Nabi = Rasul(Ti Misykat, Buhari, Muslim) Aya 124 rewu Rasul anu dibangkitkeun ku Allah SWT
  2. Ti Kitab Khong Hu Cu 'alaihissalamDina kitab SU-SI, (Lun Gi III Pat Iet: pasal 24 ayat 1,2,3), Khong Hu Cu disebat BOK TOK hartosna "Genta Ruhani Thian (Tuhan)"(Lun Gi IX Cu Han, 6:2) Bok Tok identik Nabi/Rasul" Memang Thian parantos ngutus anjeunna salaku Nabi, kukituna seueur panemuna "Kitab Suci kudu ngangken / nyadakeun sorangan yen anu mawa na Nabi / Rasul
  3. Rasulullah Muhammad SAW, Khatamannabiyyin Kasampurnaan Nabi Muhammad SAW, aya ku akurat digambarkeun ku Khong Hu Cua.s :(Tiong Yong Bab XXX ayat 1,2,3) Jelas dadanguanna, bengras paningalna, cerdas emutanna, wijaksana, kompeten keur keur pingpinan, legawa hatena, pemurah, ramah tamah, lemah lembut, perkasa, tahan uji, kompeten keur padamelan rohaka, jujur, mulya, lurus,pasifatan TENGAH, tartib, tuntas, taliti, waspada, tenang, bajik, dipihormat (Islam : Ummatan Wasathan)
  4. Kaimanan(Tiong Yong Bab XIX ayat 18) Iman, eta teh jalan suci Thian, usahakeun beriman, eta jalan suci jalma, kanggo anu tos beriman teu maksakeun diri tos tiasa ngamalkeun jalan Tengah, jeung teu bulak balik mikir tos hasil ku cara wajar salaras jeung Jalan Suci. Inyana saurang Nabi, anu nyepeng kaimanan teras ditangkeup mani pageuh(Tiong Yong Bab XXIV ayat 1,2) Iman teh kudu disampurnakeun kusorangan, Jalan Suci kudu disorang kusorangan. Iman teh awal jeung akhir sagala wujud, euweuh iman hartina euweuh
  5. Nyucikeun Harta(Tiong Yong Bab XV ayat 1...5) Meresihkeun Hate, mayar Zakat, ngabalanjakeun sabagian rizki, keur nyucikeun harta (Thay Hak X ayat 10) harta anu teu halal bakal beak teu puguh
  6. Kataatan (Lun Gi XVI 8:1) Kudu taat ka Thian, ngamulyakeun firmanNa, taat ka sabda Nabi/Rasul, taat kapamingpin.
  7. Ruh / ghaib(Lun Gi XI 12:1,2) Saacan na nga-khidmati ka sasama manusa, kumaha rek nga-khidmati Ruh Saacan na ngalaman hirup, kumaha rek wawuh jeung maot (Tiong Yong Bab XV ayat 1 jst) Thian sifatNa Maha Ghaib (Tiong Yong Bab XXIII ayat 1, Lun Gi III 13:1)
Ngeunaan malaikat
Ku Nana Aryana (nanayana@divnet.telkom.co.id) keur urangsunda@yahoogroups.com

0 Comments:

Post a Comment

<< Home